Ronggeng Amen Kasenian Tradisional di Kabupaten Pangandaran nu Dipikalandep ku Entragan Ngora

- 6 Februari 2023, 10:30 WIB
Ronggeng Amen salahsahiji kasenian tradisional di Kabupaten Pangandaran, dipikaresep ku entragan ngora.*
Ronggeng Amen salahsahiji kasenian tradisional di Kabupaten Pangandaran, dipikaresep ku entragan ngora.* /

GALURA -Di wewengkon Kabupaten Pangandaran hirup kasenian tradisional nu disebut Ronggeng Amen. Ieu ronggeng dipikalandep ku sakumna lapisan masarakat, kaasup entragan ngora.

Ronggeng Amen, salahsahiji kasenian tradisional di Kabupaten Pangandaran téh saéstuna Ronggéng Kaler, kasenian ronggéng anu hirup di tapel wates wewengkon Ciamis jeung Pangandaran.

Anu mekarkeun Ronggeng Amen tepi ka jadi kasenian tradisional di Kabupaten Pangandaran teh Mamat Suryawijaya, jeung Nana Sumriana. Dingaranan Ronggeng Amen pédah tadina sok ngamén taun 1990-an.

Baca Juga: Ngasuh Tari Jaipong, Memey : Hoyong Ngamumule Seni Sunda

Dina Ronggeng Amen ilahar sok aya ibing badaya, nyaéta ibingan ronggéng dina bubuka panggungan, sanggeus ngibing, mawa sodér terus nyodéran anu lalajo, pikeun aancrub ka pakalangan, méh ampir sarua jeung nyodéran dina seni tayuban.

Kabéhdianakeun sodér téh mangrupa lawon kawas pita ngan ukuranna leuwih gedé jeung panjang, éta lawon atawa karémbong disaléndangkeun ka anu lalajo.

Ti barang mimiti dipanggungkeun tepi ka kiwari kasenian Ronggeng Amen réa pada ngabagéakeun, pada mikaresep jeung réa nu nanggap. Tepi ka kasenian ronggéng teu saataeun job panggungan, sarta ngajangélék jadi kasenian unggulan.

Ronggeng Amen dina mangsa kiwari remen ngahias panggung hajatan, jeung panggung Pondok Seni UPTD Taman Budaya, Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Propinsi Jawa Barat.

Waditra anu dipaké ku Ronggéng Amen nyaéta gamelan alaras salendro (saron, peking, demung, gambang, rebab, kendang, kenong, rincik, kecrék jeung goong), teu jauh bédana jeung gamelan kiliningan, wayang golék jeung jaipongan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x