Ida Widawati, Sataun saméméh Manggung Ngaranna geus Dibéwarakeun

- 4 Februari 2023, 07:23 WIB
Ida Widawati.*
Ida Widawati.* /Fb/

GALURA  - Ida Widawati, ngaranna ngajaul mapakan méga, nyeungitan lemah cai. Iwal ti dina mesin pencari google, ngaran Ida Widawati kaunggel dina buku Divine Inspirations: Music and Islam in Indonesia (2011), “Many new instruments were constructed and used, especially plucked and bowed instruments. Eventually, many well-known vocalists became involved in the group, incliding Neneng Dinar, Euis Komariah, Ida Widawati, Taty Saleh and Hetty Koes Endang.” (Zanten, 2011:254).

Kitu deui hasil rekaman kasét komersial nu dihaleuangkeun ku Ida Widawati, tepi ka ayeuna keur jadi bahan panalungtikan ilmuwan asing.

Ngaran Ida Widawati dicatet dina sawatara buku, saperti Accessions List: Southeast Asia, Volume 16 (1990:460); World Music Volume 2: Latin & North America, Caribbean, India, Asia and Pasipic (2000); jeung buku Henry Spiller nu judulna The Tradisional Sounds of Indonesia (2004) nu nyatetkeun ngaran Ida Widawati dina kaca 308.

Baca Juga: Nénéng Dinar Ngajarkeun Tembang Sunda di Ranggon Cijagra

Ngaranna gé dicatet deuih dina buku Apa Siapa Orang Sunda (2003), kaselir salasaurang warga Sunda nu méré konstribusi aktif kana seni jeung éntitas urang Sunda di lemah cai jeung mancanagara, liwat profésina minangka seniwati.

Buku Énsiklopedi Sunda nuliskeun ngaran Ida Widawati sajajar jeung ngaran Ali Sadikin, Aom Kusman, Kang Ibing, katut tokoh Sunda séjénna.

Bawirasa, ngaran Ida dina kahirupan tembang Sunda Cianjuran jeung kawih degung, ka ayeunakeun jadi ikon atawa kiblatna para juru tembang Sunda. Préstasi jeung karya Ida Widawati geus diaku ku para panalungtik seni tradisi ti mancanagara.

Baca Juga: Nénéng Dinar: Kudu Aya ‘Political Will’ ti Pamaréntah pikeun Mekarkeun Seni Tradisi di Jawa Barat

Ida Widawati gumelar ti kulawarga seni. Almarhum ramana, Rd. Toto Muthallib, mangsa jumenengna dipikawanoh ahli ibing Sunda, saentragan jeung Enoch Atmadibrata.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x