Ida Widawati, Sataun saméméh Manggung Ngaranna geus Dibéwarakeun

- 4 Februari 2023, 07:23 WIB
Ida Widawati.*
Ida Widawati.* /Fb/

”Tapi, nalika jumenengna, pun bapa mah sagala rapékan. Anjeunna tiasa ogé ngadamel gamelan Sunda,” ceuk Ida Widawati nu ti bubudak hirup jeung nu jadi uwana.

Nyuprih élmu ti SD tepi ka SMAN 1 Garut, dituluykeun kuliah di Jurusan Antropologi Universitas Padjadjaran (Unpad), Ida Widawati nu ngadahup ka H. Héry Supriadi dititipan tujuh budak jeung sawatara incu.

Album 'Ayun kaheman' Ida Widawati (1996).*
Album 'Ayun kaheman' Ida Widawati (1996).*

Baca Juga: Ida Widawati, Ngigelan Jaman ku Mageuhan Seni Tradisi

Hirupna icikibung dina seni tradisi metik hasil. Sawatara nagara geus katincak ku Ida, nu kiwari mingpin Lingkung Seni Malati.

Malah, nu jadi reueus Ida mah, pangalaman manggung di mancanagara, sataun saméméh manggung téh ngaranna geus dibéwarakeun, saperti manggung di wewengkon Eropa.

“Alhamdulillah, upami simkuring manggung di mancanagara, rohangan gedong téh sok pinuh waé, nu narongton kalandep ku pidangan seni Sunda Cianjuran jeung seni wanda degung,” ceuk Ida Widawati, anu dina taun 2013, jeung Lingkung Seni Malati-na, kungsi ngayakeun Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran Piala Ida Widawati.

Hanjakal, éta pasanggri téh henteu nuluy, alatan alesan klasik: teu aya waragad!***

Baca Juga: Milu Makalangan dina Serial ‘The Last of Us’, Christine Hakim Kapeto Jadi Ilmuwan Indonesia

Baca Juga: Dina Film Serial ‘The Last of Us’, Jakarta jadi Sumber Sasalad

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah