Kasidah Cinta Hindun binti Utbah Rosyid E Abby, Ngisahkeun Sang 'Aakilatul Akbaad” nu Babalik Pikir

- 24 Maret 2024, 19:14 WIB
Teater Senapati mintonkeun drama Sunda Karya / Sutradara Rosyid E Abby di Gedung Rumentang Siang Jalan Baranangsiang Bandung, Ahad (23-24/3/2024).
Teater Senapati mintonkeun drama Sunda Karya / Sutradara Rosyid E Abby di Gedung Rumentang Siang Jalan Baranangsiang Bandung, Ahad (23-24/3/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Teater Senapati sukses magelarkeun Kasidah Cinta Hindun binti Utbah, drama Sunda karya Rosyid E Abby, garapan sutradara Rosyid E Abbby jeung Dadan Ramdani  di Gedung Kesenian (GK) Rumentang Siang, Jalan Baranangsiang Nomer  1, A. Yani (Kosambi) Bandung, Saptu-Ahad, 23-24 Maret 2024.

Kasidah Cinta Hindun binti Utbah sabenerna kungsi dipentaskan ku Rosyid E. Abby kalayan judul nu sarua taun 2016, ku kelompok teater nu sarua.

Pagelaran ieu minangka runtuyan ti pentas episode Drama Sunda Religi “Kasidah Cinta”, nu dipagelarkeun saban taun di bulan Romadon (ti 2006) ku kelompok Teater Senapati SMA Pasundan 3 Bandung.

Baca Juga: Kasidah Cinta Hindun binti Utbah Karya  Rosyid E. Abby Minton di Gedung Rumentang Siang Saptu Ahad Ayeuna

Rosyid E Abby nètèlakeun pangna episode drama Sunda ieu dijudulan Kasidah Cinta, kailhaman kumpulan puisi Jalaludin Rumi. "Di dinya, dina kumpulan puisi bieu  aya judul Kasidah Cinta. Aya puji-pujian kana kaagungan Alloh, " ceuk Roayid E Abby satutas pentas, Ahad, 24 Maret 2024.

Diinjeum judul Kasidah Cinta, ceuk Rosyid, nu antukna ngangkat kisah drama nu oge judulna Kasidah Cinta. "Tapi palebah dieu nu ku simkuring diangkat tèh kisah-kisah di jaman Rasul. Taun kamari Kasidah Cintra Al-Kubra Zaenab, sateuacanna Kasidah Cinta Hamzah Sang Singa Alloh, nu saleresna minangka episodeal, " pokna.

Kasidah Cinta tèh, ceuk Rosyid, ngisahkeun wujud cinta saurang hamba ka Allah jeung Rasulna. Saperti Kasidah Cinta Hindun binti Utbah nu cikènèh dipintonkeun.

Hindun binti Utbah tèh hiji tokoh di jaman jahiliyah nu sombong, adigung tur telenges. Katelah " Akillatul Akbaad” (nu ngadahar jajantung), sabab satutas males pati,  Hindun mudalkeum eusi dada Hamzah. Jajantung Hamzah digayeum tuluy diutahkeun deui.

"Tapi sabada lebet Islam, inyana ngabuktoskeun kacintaanana ka Alloh sareng Rasul, dugi ka teu teu gimir mingpin peperangan pikeun ngabèla ajaran Alloh, " ceuk Rosyid.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x