Sean Idol, Geus Nyiptakeun Lagu keur Sababaraha Albumeun, ngan Niténan heula Kondisi Pasar

- 19 Januari 2023, 21:33 WIB
Sean Idol
Sean Idol /REA

 

 

GALURA - Ngaran lengkepna mah Kamasean Yoce Mathews, atawa Kamasean Matthews, atawa cukup disebut Kamasean wungkul. Ngan di dunya entertainment, inyana leuwih dipikawaoh deui ku sesebutan Sean Idol.  

Baca Juga: Batu Akik Kungsi Ngajaul, Saban Daerah Miboga Potensi Batu Akik Disungsi

Mémang, ieu artis nu parigel maén gitar jeung piano téh, mimiti dipikawanoh ku masarakat ngabaladah karirna taun 2012 liwat acara ajang néangan bakat 'Indonésia Idol'.

Dina éta ajang néangan bakat, Sean kapeunteun pinuji pisan ku para juri. Dirina mampuh mintonkeun méh sakabéh genre musik.

“Abdi mah mikalandep sadaya genre, taya nu diwilah-wilah,” ceuk ieu artis nu gumelar di Jakarta, 30 Juni 1995 téh.

Baca Juga: Nganjang ka Pikiran Rakyat, TGB: Ngaronjatna Elektabilitas Perindo Hasil Solidna Kader Perindo

Saméméh milu makalangan dina 'Indonésia Idol', Sean kungsi jadi finalis Akademi Fantasi Indonésia (AFI) 2005, ngan gagal dina babak 8 besar.

“Anu pasti, karir musik sareng nyanyi moal kateug, badé terus dileukeunan,” pokna basa tepung dina hiji acara, di wewengkon Batununggal, Kota Bandung, sawatara waktu ka tukang.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x