Miang tina Kades, Agus Jadi Anggota DPRD Kabupaten Bandung 2019-2024, Teu Kapilih Deui Jadi Pangusaha

- 3 Mei 2024, 07:21 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. AgusJaenudin, S. I. Kom
Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. AgusJaenudin, S. I. Kom /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Agus Jaenudin, S.I.Kom balaka asalna teu kapincut jadi anggota DPRD. Inyana blak-blakan ukur nyoba-nyoba nyalonkeun dirina dina Pileg 2019 sanggeus salila saperiode jadi Kepala Desa (Kades) Cigondewah Hilir Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung.

"Teu kapincut jadi anggota dewan. Nyoba-nyoba wè. Tapi janten, " ceuk Agus Jaenudin waktu dianjangan di panganjrekanana Jalan Cibiuk Hilir No 1, RT 03/15 Desa Margaasih, Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, Kemis, 2 Mei 2024, burit.

Ti keur jadi kades kènèh H. Agus kacida dirojong ku kulawargana. Hj. Encah Supartini garwana jeung putri hiji-hijina nu ayeuna keur nganggeuskeun kulih kadokteran di UNSBA Bandung.

Najan dina Pemilu taun 2024 H. Agus Jaenudin teu kapilih deui, tapi inyana teu kaleungitan kariweuh. Inyana ngaku bisa leuwih museur kana usahana nu geus dilakonan ti samèmèh jadi kepala desa jeung anggota DPRD Kabupaten Bandung..

Di lemburna Agus ngajalankeun usah nampung limbah pabrik jeung kaèn. Usahana makaryakeun sababaraha urang, tepi ka muka lapangan gawè "Alhamduliillah tiasa ngadayakeun masarakat," pokna.

Mangsa bèak waktu jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung bulan Agustus 2024. Kana 4 bulan deui Agus geus lain anggota DPRD Kabupaten Bandung.

Ngan, inyana boga panineungan jeung tapak jasana pikeun warga: ayana aspirasi warga  nu geus diwujudkeun saerti kirnir, ngalusan jalan gang, penerangan jalan umum (PJU) cator, rutilahu jeung sajabana. 

Salila 2,5 taun Agus aya di Komisi A, tuluy di Komisi D tepi ka kiwari. Najan teu kapilih deui tapi Agus geus usaha satèkah polah pikeun masarakat

H. Agus miharep ka dewan nu kapilih sangkan bisa leuwih paham kana aspirasi masyarajat supaya pangwangunan daerah leuwih maju.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah