Korsi di DPRD Ngurangan, Ketua DPD Gerindra Kabupaten Bandung Teu Pede Nyalonkeun Dirina Jadi Bupati

- 22 April 2024, 18:10 WIB
Ketua DPD Partai Gerindra Kabupaten Bandung, Yayat Hidayat.
Ketua DPD Partai Gerindra Kabupaten Bandung, Yayat Hidayat. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ketua DPD Partai Gerindra Kabupaten Bandung, Yayat Hidayat, samèmèh Pemilu 2024, kungsi kokotak dirina rèk nyalonkeun  jadi Bupati Bandung dina Pilkada 2024 mun seug dina Pemilu 2024 jumlah korsi Partai Gerindra di DPRD Kabupaten Bandung jadi 14 korsi, tina asal 7 korsi.

Ngan, dina Pemilu 2024 Gerindra Kabupaten Bandung sabalikna: di DPRD Kabupaten Bandung ngurangan sakorsi, jadi 6 korsi.

Kana hal ieu, Yayat nu ogè Wakil Ketiua DPRD Kabupaten Bandung, balaka di Pemilu 2024 Gerindra fokus ngunggulkeun capresna.

Baca Juga: Anggota DPRD Kabupaten Bandung Elin Batinna Sugemaeun Lamun Aspirasi Warga Kacumponan

"Alhamdulillah di Kabupaten Bandung presiden ti Gerindra, Pa Prabowo unggul 62 persen, satutas nganti 15 taun," ceuk Yayat Hidayat ka Galura di Soreang kamari.

Mimitina, ceuk Yayat Gerindra, boga angkeuhan nargètkeun 14 korsi legislatif di DPRD Kabupaten Bandung.

"Tapi politik apanan tiasa robih- robih. Dina Pilkada 2024 Gerindra baris neraskeun Koalisi Indonesia Maju (KIM) ku margi Gerindra mah sifatna komando ti luhur, " ceuk Yayat Hidayat.

Yayat nu dumuk di Baleendah teh ngaku geus aya tokoh nu bakal dijagokeunana dina Pilkada 2024, ngan teu disebutkeun saha ngaranna. "Pokona tos aya," pokna bari amitan muka panto mobilna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x