Ketua DPC PAN Katapang, Acuy Syakur Bungaheun H. Tedi Kapilih deui Jadi Anggota DPRD Kabupaten Bandung

- 16 Maret 2024, 21:12 WIB
Anggota DPRD Tedi Supriadi jeung Ketua DPC PAN Kecamatan Katapang,  Acuy Syukur.
Anggota DPRD Tedi Supriadi jeung Ketua DPC PAN Kecamatan Katapang, Acuy Syukur. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua DPC Partai Amanat Nasional (PAN) Kecamatan Katapang, Kabupatem Bandung, Acuy Syakur ngaku dirina lain tim sukses anggota DPRD Kabupaten Bandung ti PAN, H. Tedi Supriadi nu kapilih deui dina Pemilu 2024.

Ngan, ceuk Acuy aya hubungan emosional nu kacida kuat jeung H. Tedi nu ngalantarankeun barang nyaho sora H. Tedi punjul di Kecamatan Katapang, di antara kecamatan sèjènna di Dapil 2 jadi kareueus nu mandiri pikeun Acuy.

"Simkuring minangka Ketua DPC PAN Kecamatan Katapang, saha waè kader PAN nu janten caleg ngahempèkeun. Namun, sareng H. Tedi aya hubungan emosional nu kiat. Janten alhamdulillah anjeunna kapilih deui , tur di Kecamaatan Katapang  kenging 1500 sora tina jumlah total 7.837," ceuk Acuy dina lolongkrang reses H. Tedi di Kecamatan Katapang, Saptu, 16 Maret 2024.

Baca Juga: Legislator PAN Kabupaten Bandung Masualkeun Pangajèn ka Pemda Bandung jeung Fungsi DPRD

Acuy teu nyangkaeun H. Tedi baris lolos jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Dapil 2, alatan di 2 Kecamatan Margahayu jeung Dayeuhkolot, Tedi èlèh sorana ku calon sejenna di internal partèy.

Di Kecamatan Katapang jeung Margaasih sora Tedi nutupan èlèh di dua kecamatan di dapil 2.

"Mugia Pak Haji Tedi dipasihan  kasehatan kanggo ngemban amanat kapercayaan masarakat, " ceuk Acuy. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x