Anggota F PAN DPRD Kabupaten Bandung, H. Tedi Supriadi Umajak Warga Ngagunakeun Hak Pilih

- 1 Februari 2024, 19:25 WIB
Anggota DPRD kabupaten Bandung, H. Tedi Sulriadi, M. Si.
Anggota DPRD kabupaten Bandung, H. Tedi Sulriadi, M. Si. /

GALURA.CO.ID -Anggota Fraksi PAN DPRD Kabupaten Bandung, H. Tedi Supriadi, M.Si umajak ka masarakat sangkan ngagunakeun hak pilih dina Pemilu 14 Pebruari 2024 engkè.

Aya waktu 13 poè deui pikeun panceg nangtukeun pilihan. Tedi miharep masarakat yakin kana pilihanana sèwang-sèwangan luyu jeung gerentes kolbu, henteu ku lantaran kapaksa.

"Ieu tiasa karaos ku masarakat upami wanoh kana pilihanana, boh anggota DPD, DPRD Kabupaten kota, DPRD Provinsi, DPR Pusat, boh presiden jeung wakil presiden, " ceuk Tedi di panganjrekanana di Desa Cangkuang Wetan, Kecamatan Dayeuhkollot, Kabupaten Bandung, Kemis, 1 Pebruari 2024.

Tedi sorangan nu nyalonkeun deui jadi amggota DPRD Kabupaten Bandung ti Dapil 2 nomer urut 1, geus narèkah nyosialisasikeun diri deui.

Baca Juga: Loba Laporan Dirempakna Aturan Kampanye, Ngan Teu Diproses ku Panwascam Margahayu Kabupaten Bandung

Inyana remen silaturahmi jeung warga. Kumaha niat inyana jadi anggota dewan, kasang tukang ti kades, jeung naon harepana pikeun warga di Dapill 2 nu ngawengku: Kecamatan Margaasih, Margahayu, Katapang, katut Kecamatan Dayeuhkolot.

Ceuk Tedi, tugas anggota dewan: merjuangkeun aspirasi wargana. Inyana teu sauukur jangji, tapi minangka anggota dewan geus ngarèalisasi programna  mangrupa bantuan jalan jeung insptastruktur sèjènna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah