Panwascam Kutawaringin Can Nimu Deui Nu Ngarempak Palenggeran dina Minggu ka-8 Mangsa Kampanye

- 1 Februari 2024, 05:32 WIB
Ketua Pamwascam Kutawaringin Kabupaten Bandung, Dany Arizaya Mustofa (tengah).
Ketua Pamwascam Kutawaringin Kabupaten Bandung, Dany Arizaya Mustofa (tengah). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina munggaran mangsa kampanye Pemilu 2024, Panitia Pengawas Kecamatan (Panwascam) Kutawaringin Kabupaten Bandung mimu dua palanggeran kampanye nu dirempak, nyaèta "politik uang" jeung pamilon pemilu ngagunakeun fasilitas nagara.

Ketua Panwascam, Kecamatan Kutawaringin, Dany Arizaya Mustofa nètèlakeun, pelanggaran bieu geus ditepikeun ka Bawaslu Kabupaten Bandung lantaran di  Panwascam taya Penegakkan Hukum Terpadu (Gakumdu) atawa teu aya APH (Aparat Penegak Hukum).

"Kumaha waè hasilna, ieu aya dina ranah Bawaslu Kabpaten Bandung " ceuk Dany di Sekretariat Panwascam Kutawaringin Kabupaten Bandung, di Desa Jatisarl, Rebo, 31 Januari 2024.

Baca Juga: Panwascam Kutawaringin Nimu 2 nu Ngarempak Palenggeran Kampanye

Ceuk Dany, dina minggu ka-8 mangsa kampanye Pemilu 2024 can nimu deui aya pamilon pemilu nu ngarempak katangtuan kampanye. Ieu tèh sambung Dany sabab Panwascam teu weleh cumeluk sangkan nu kampanye teu ngarempak palaturan. 

Salila mangsa kampanye, Panwascam Kutawaringin geus ngadongdon 30 titik kampanye nu sumebar di 11 desa, boh pamilon pemilu DPRD Kabupate, DPRD Provinsi, boh DPR RI. 

"Dugi ka engkè, kaping 10 Pebruari mangsa kampanye, Panwascan Kecamatan Kutawaringin teras ngalakukeun pangawasan, kumargi pamasangan APK masih kènèh tiasa," ceuk Dany.

Sanggeus tanggal10 Pebruarii 2024 , Dany nyebutkeun Panwascam dibantuan Pengawas Tempat Pemungutan Suara (PTPS ) nu bakal disumebarkeun di saban TPS, rukun hawè jeung Pol PP babarengan nartibkeun APK.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah