Panwascam Margaasih: Masarakat Ulah Sieun Ngalaporkuen Mun Aya Nu Ngarempak Aturan Kampanye

- 6 Desember 2023, 18:42 WIB
Ketua Panwascam Kecanatan Margaasih Risman Ruswandi (tengah) dibarengan Koordiv/ HP2HM, Roby Assyddik (kemca) jeung Koordiv P3S M. Abdul Gani.(katuhu).
Ketua Panwascam Kecanatan Margaasih Risman Ruswandi (tengah) dibarengan Koordiv/ HP2HM, Roby Assyddik (kemca) jeung Koordiv P3S M. Abdul Gani.(katuhu). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Ketua Panitia Pengawas Kecamatan (Panwascam) Margaasih Kabupaten Bandung, Risman Ruswandi nyebutkeun pihakna  bakal bener-bener nalingakeun tahapan kampanye Pemilu 2024. Atuh masarakat ulah sieun ngalaporkeun nu ngarempak aturan kampanye.

Kituna ditepikeun Risman nu dibarengan Koordiv HP2HM, Roby Assyddik jeung Koordiv P3S M. Abdul Gani dina konferensi pers di Sekretariat Panwascam Margaasih, Jalan CCI Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, Rebo 6 Desenber 2023.

Risman nètèlakeun tahapan kampanye dimimitian 28 November 2023 tepi ka 10 Fenruari 2024. "Simkuring sareng rèngrèngan salawasna siap nalingakeun  tahapan kampanye Pemilu 2024," pokna.

Baca Juga: Boga Tunggakan, SMK Ngancam Siswana Ulah Milu Ujian, Dibeberes ku Uya, Legislator PKB Kabupaten Bandung

Ditètèlakeun Risman saparakanca, mangsa kampanye 75 poè, aya sababaraha metode kampanye. Di antarana kampanye masamoan nu kawatesan, masamoan tatap muka; nyebarkeun bahan kampanye pemilu ka umum; pamasangan alat peraga di tempat umum; media sosial; iklan media massa cetak, media massa elektronik, jeung internet, jeung rapat umum kampanye.

"Kanggo kampanye nu ngawengku rapat umum, iklan di media massa cetak, media massa elektronik, sareng media daring 21 Januari dugi ka 10 Pebruari 2024," ceuk Risman.

Masa tenang 10-13 Pebruari 2024 , ceuk Risman dipahing kampanye. "Alat peraga kamapanye diturunkeun ku partai politik atawa relawan, tepi ka waktuna engke nyoblos tangga 14 Pebruari 2024 " pokna.

Risman nandeskeun, pihakna umajak ka sakumna masarakat sangkan ulah sieun ngalaporkeun ka Panwascam mun aya kacurigaan nu ngarempak katangtuan.

"Kumargi simkuring saparakanca mandang ieu tèh penting kanggo numuwuhkeun panalingaan partisipasif ti masarakat, media sareng unsur sanesna, " ceuk Risman mungkas.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah