Boga Tunggakan, SMK Ngancam Siswana Ulah Milu Ujian, Dibeberes ku Uya, Legislator PKB Kabupaten Bandung

- 6 Desember 2023, 18:29 WIB
Uya Mulyana, legislator PKB Kabupaten Bandung, mereskeun SMK nu ngancam siswana ulah milu ujian alatan loba tunggakan.
Uya Mulyana, legislator PKB Kabupaten Bandung, mereskeun SMK nu ngancam siswana ulah milu ujian alatan loba tunggakan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota Fraksi PKB DPRD Kabupaten Bandung, H. Uya Mulyana ngadongdon hiji Sakola Menengah Kejuruan (SMK) di wewengkon Kecamatan Margahayu, Rebo 6 Desemner 2024.

Tumorojogna  Uya Mukyana ka eta sakola pikeun ngayakinkeun patali aya iber dina hiji media online, aya siswa di SMK bieu moal  bisa milu ujian ku sabab boga tunggakan gedè ka sakolana, ari kolotna teu mampuh.

H. Uya ngaku, samèmèh datang ka sakola, inyana nepungan heula kolotna di lemburna, pikeun mastikeun bener henteuna kulawargana teu mampuh.

Baca Juga: Bumi Perkemahan Andes jeung Kalang Pamidangan, Ikon Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung

"Simkuring nepangan ramana èta siswa. Memang kaayaanana kedah janten tanggel waler nagara sareng pamingpinna. Kaleresan simkuring miang janten anggota dewan  ti dieu, kedah ngiring malirè, " ceuk Uya.

Tina obrolan kolot jeung siswa , Uya, nètèlakeun aya siswa nu sumanget diajar tapi kolotna teu mampu ngabiayaan najan geus usaha satekah pola mayar. Ari budakna hayang terus sakola.

"Margi kitu simkuring silaturahmi ka ieu sakola, ngabadantenkeun milari bongbolongan. Alhamdulillah ayeuna tos tos rèngsè, " ceuk Uya.

H. Uya ngaku, dirina ngarasakeun kumaha ngokolakeun sakola swasta, lantaran inyana ogè ngokolakeun Yayasan Pondok Pesantren Darul Maarif Rahayu.

Baca Juga: Lomba Literasi SD, pikeun Ngaronjatkeun Numerasi Sakola di Kabupaten Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah