FTBI SD SMP Jabar 2023 di Kabupaten Bandung Ciamis jeung Cimahi Pinunjul Umum

- 20 November 2023, 07:22 WIB
Kepala Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa, Prof H.E. Aminudin Azis, MA jeung Kepala Balai Bahasa Jawa Barat.Dr. Herawati, S.S, M.A.
Kepala Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa, Prof H.E. Aminudin Azis, MA jeung Kepala Balai Bahasa Jawa Barat.Dr. Herawati, S.S, M.A. /Sopandi/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Kabupaten Ciamis jadi Juara Umum dina Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) SD, jeung Kota Cimahi jadi Pinunjul Umum FTBI SMP tingkat Provinsi Jawa Barat (Jabar).

FTBI SD jeung SMP tingkat Propinsi Jawa Barat digelar 13-16 Nopember 2023 di Hotel Sutan Raja Soreang Kabupaten Bandung diiluan ku 27 kabupaten kota sajawa Barat, ditambah 2 kabupaten ti Provinsi Banten.

Kepala Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa, Prof H.E. Aminudin Azis, MA nètèlkeun, FTBI tèh salasahiji wujud keur ngamumule basa jeung sastra daerah.

Tujuanana sangkan generasi ngora jadi panutur aktif jeung cara diajar basa daerah nu ngagumbirakeun, manggihan fungsi jeung ranah anyar tina hiji basa jeung sastra daerah.

Ceuk Aminudin, Kementerian Pendidikan dan kebudayaan Riset dan Tekniologi (Kemendikbudristek) geus ngukuhkeun program revitalisasi bahasa daerah.

FTBI minangka wadah apresiasi pikeun nu micinta basa indung di mana baè, nu dina taun ieu dilaksanakan di 25 propinsi.

Baca Juga: FKom Uniku Festival 2023, Maneuh Diayakeun Saban Taun, Nataharkeun Talenta Digital

"Janten, sanès ukur basa Sunda, tapi 72 panutur basa daerah di 25 propinsi. Taun 2024 bakal langkung seueur kumargi nambihan janten 92 basa daerah. Simkuring pembina kanggo basa daerah nu aya di Indonesia ngaraos bingah,” pokna.

Dina FTBI, SD jeung SMP ieu aya 7 widang nu dilombakeun pikeun pamilon putra jeung putri: Lomba Nembang Pupuh, Maca & Nulis Aksara Sunda, Ngadongeng, Borangam (Nagbodor Sorangan), Biantara, Maca Sajak, jeung Lomba Ngarang Carpon.

Para pamlon pinunjul ka-1 dina FTBI tingkat kabaupaten kota. Para pinunjul FTBI tingkat Jabar ti pinunjul ka 1 tepi ka pinunjul harepan ka III dileler piagam, tropi jeung duit pembinaan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x