LKS SMK Nasional XXXI Surabaya, Siswa SMK  Jawa Barat Meunang Medali Emas

- 8 November 2023, 13:00 WIB
SISWA SMK Jawa Barat meunang medali emas dina Lomba Kompetensi Siswa (LKS) SMK Nasional XXXI nu di digelar 23-28 Oktober 2023 di Kota Surabaya.
SISWA SMK Jawa Barat meunang medali emas dina Lomba Kompetensi Siswa (LKS) SMK Nasional XXXI nu di digelar 23-28 Oktober 2023 di Kota Surabaya. /Nanang S/galura.co..id

 

GALURA.CO.ID -SMK Jawa Barat meunang medali emas dina Lomba Kompetensi Siswa Sekolah menengah Kejuruan (LKS SMK) Nasional XXXI nu di digelar 23-28 Oktober 2023 di Kota Surabaya, Jawa Timur. Anu meunang medali emas teh  Handika Biantika jeung Toher Azzaeni, siswa SMKN 2 Subang, dina mata lomba Landscaping & Gardening.

Siswa sejenna ti SMK di Jawa Barat nu meunang medali emas: Andi Ahmad Yusuf (siswa SMKN 1 Subang), miluan lomba Web Technology;  M. Gaza Alfaruq (siswa SMK Karya Nasional), dina  lomba Automobile Technology. Opatanana kacida bungaheun jeung ngarasa gumbira pedah meunang medali emas.

“Teu nyangki kenging medali emas,” ceuk Toher. Handika jeung Toher  nyebutkeun ku miluan LKS jadi loba pangalaman nu luhur pisan ajenna. Nambahan kawawuhan deuih, lantaran panggih, sarta ngawangkong jeung siswa-siswa SMK utusan ti unggal provinsi di Indonesia nu miluan LKS tingkat nasional.

Baca Juga: Fikri Siswa Motekar SMK Karnas Kuningan, Nyiptakeun Inovasi Nyangray Kopi, Pinunjul di Tilu Tingkat Nasional

Sakumna nu miluan  LKS taun ayeuna pada-pada nyebutkeun  jadi nambahan elmu, pangalaman jeung luang. Contona, Edji Primansah, siswa SMKN 5 Bandung  nyebutkeun loba hal pulunganeun.”Intina mah gaduh pangalaman anyar,” ceuk Edji nu miluan lomba Bricklaying.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x