Fikri Siswa Motekar SMK Karnas Kuningan, Nyiptakeun Inovasi Nyangray Kopi, Pinunjul di Tilu Tingkat Nasional

- 6 November 2023, 15:25 WIB
Fikri, Siswa SMK Karnas Kuningan, pinunjul III Lomba AHM Best Student, Siswa Terbaik Inovasi
Fikri, Siswa SMK Karnas Kuningan, pinunjul III Lomba AHM Best Student, Siswa Terbaik Inovasi /Ajun Mahrudin/

GALURA- Fikri Fadurohman Kelas XII Teknik Audio Video SMK Karya Nasional (Karnas) Kuningan, nyangking juara III Lomba Astra Honda Motor (AHM) Best Student 2023 Tingkat Nasional. Anu miluanan aya 773 siswa anu miboga inovasi widang sewang-sewangan.

Dua predikat juara kacangking ku Fikri nyaeta Pemenang Level Bronze jeung Beasiswa Peserta Favorit, lantaran manehna mampuh nyiptakeun alat pikeun nyangray siki kopi sacara otomatis, nerapkeun teknologi anu disebut mikrokontroler arduino.

Ceuk Fikri, kiwari alat anu biasa dipake nyangray kopi teh umumna masih keneh manual, tacan otomatis. Ku sabab kitu, manehna nyiptakeun inovasi atawa cara anyar nyieun alat pikeun nyangray kopi otomatis.

Baca Juga: Cakrawala Budaya Sunda, Dina Mieling Poe Basa Indung di STKIP Muhammadiyah Kuningan

“Parantos dicobi, alat kanggo nyangray kopi otomatis anu miboga kualitas luhur. Mugia kapayunna  mangfaat kanggo ngaronjatkeun ekonomi masarakat,” ceuk Fikri. ka Galura.

 Kahontalna eta prestasi, tangtu jadi kareueus hususna pikeun pihak sakola.  Buktina, Fikri anu kakara mulang miluan Lomba AHM 2023, dibageakeun ngaliwatan acara Penyambutan Sang Juara, di pakarangan SMK Karnas Kuningan,  Poe Senen, (6/11/2022).

Baca Juga: Ceuk Wabup Kuningan, Basa Sunda Kudu Dipake Dina Kahirupan Sapopoe

Kepala SMK Karnas Kuningan, Dr. Yepri Esa Trijaka, M.M.Pd., nyebutkeun upacara kawas kitu geus ilahar diayakeun ku pihak sakola saban aya siswa anu  nyangking juara, utamana di tingkat nasional. 

Ceuk Yepri, anyar-anyar  ieu SMK Karnas Kuningan kasinugrahan prestasi di tingkat nasional. Samemehna, nyangking juara hiji Lomba Kompetensi Siswa (LKS) Tingkat Nasiional anu lumangsung di Jawa Timur.  

“Ayeuna SMK Karnas Kuningan parantos nyayogikeun calon peserta kanggo ngiring lomba widang sanesna.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah