GALURA-Wakil Bupati Kuningan M. Ridho Suganda, ngabageakeun kana tarekah anu dilakonan ku mahasiswa STKIP, mieling Poe Basa Indung Internasional.
"Ieu salah sahiji bukti STKIP Muhammadiyah, hususna HIMA Dikbastrada paduli kana kabudayaan basa daerah, basa indung," ceuk Ridho.
Ridho nyarita kitu, basa muka acara Seminar Kabudayaan Sunda, Dina raraga mieling Poe Basa Indung Internasional, di Kampus STKIP Muhammadiyah Kuningan, Salasa, (21/2/2023).
Baca Juga: Cakrawala Budaya Sunda, Dina Mieling Poe Basa Indung di STKIP Muhammadiyah Kuningan
Patali eta hal, inyana umajak babarengan miara basa Sunda, minangka basa indung hususna pikeun di wewengkon Kabupaten Kuningan.
Ceuk Ridho, basa Sunda minangka warisan kabudayaan luluhur anu kudu dipiara, dipake paguneman dina kahirupan sapopoe.
"Sanajan pangaruh globalisasi, tapi tetep basa Sunda, basa indung, kedah dianggo dina kahirupan sadidinten," pokna.***