Cakrawala Budaya Sunda, Dina Mieling Poe Basa Indung di STKIP Muhammadiyah Kuningan

- 21 Februari 2023, 17:30 WIB
Dua urang mahasiswi STKIP Muhammadiyah Kuningan keur ngibing, dina acara Cakrawala Bunda Sunda. Eta acara Dina raraga Miéling Poe Basa Indung Internasional
Dua urang mahasiswi STKIP Muhammadiyah Kuningan keur ngibing, dina acara Cakrawala Bunda Sunda. Eta acara Dina raraga Miéling Poe Basa Indung Internasional /

GALURA-Himpunan Mahasiswa Pendidikan Bahasa dan Sastra Daerah (HIMA DIKBASTRADA) atawa PBSD Sekolah Tinggi Keguruan Ilmu Pendidikan (STKIP) Muhammadiyah Kuningan, ngayakeun acara Cakrawala Budaya Sunda (CBS).

 

Eta acara lumangsung di Gedong C Kampus STKIP Muhammadiyah Kuningan Jl. RA, Moértasih Soépomo Nomer 28B lelewek Kelurahan/Kecamatan Cigugur, Salasa, (21/2/2023).

Baca Juga: Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Abah Awie: Ulah Sieun Salah Nyarita ku Basa Sunda

Acara dina raraga Miéling Poé Basa Indung Internasional, sakalian ngareuah-reuah
milangkala HIMA DIKBASTRADA nu ka 12, diluuhan ku Wakil Bupati Kuningan, M. Ridho Suganda

Cakrawala Budaya Sunda (CBS), jejerna Hurip DIKBASTRADA Hirup Sunda, Rumawat Basana, Waluya Budayana, mintonkeun rupa-rupa kasenian Sunda.

Sajaba eta, ngayakeun seminar kabudayaan Sunda, jejerna Kalungguhan Kabudayaan dina jihad atikan.

Baca Juga: Mapag Poé Basa Indung 21 Februari 2023, Hadi AKS: Basa Sunda Terus Mekar Luyu jeung Pajamanan

Anu jadi panyatur Dina eta seminar, Prof. Dr. Dedi Koswara, M.Hum., guru besar Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung.

Sajaba eta, ngayakeun pasanggiri
diantarana pasanggiri aksara Sunda tingkat SD/MI sa-Kabupaten Kuningan, pasanggiri kawih jeung dongéng tingkat SMP/MTS sa-wilayah Ciayumajakuning.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x