Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Abah Awie: Ulah Sieun Salah Nyarita ku Basa Sunda

- 21 Februari 2023, 08:08 WIB
H. Heri Heryadi alias Abah Awie.*
H. Heri Heryadi alias Abah Awie.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA – Unggal 21 Pébruari, urang mièling Poe Basa Indung Internasional, atawa International Mother Tongue Day. Indonèsia euyeub ku basa indung. Kumaha ketak budayawan Kabupaten Bandung, H. Heri Heryadi, dina nanjeurkeun basa Sunda?

Miara jeung nanjeurkeun basa Sunda, numutkeun Abah Awie, nénéhna Heri Heryadi, basa Sunda kudu digunakeun dina gunem catur sapopoè di imah.

"Larapkeun ka anak incu dina gunem catur sadidinten di bumi. Ieu nu pangpentingna mah. Kumaha basa Sunda bisa nanjung, tetep kajaga mun seug biangna, ramana, uyut éyangna sadidintenna di bumi teu  nyarios ku basa indung?!" ceuk Abah Awie basa ditepungan di padumukanana, Kampung Burujul, Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, Senén (20/2/2023).

Baca Juga: Abah Awie, Nanjeurkeun Basa Sunda ku Jadi ‘Youtuber’ Ngadongéng

Di Kabupaten Bandung, numutkeun Abah Awie, geus diprogramkeun Rebo Nyunda sanajan Rebo Nyunda tèh saenyana  geus dilarapkeun di Kota Bandung.

Leupas tina pasualan èta, Abah Awie miharep lamun enya malirè kana basa Sunda, mangka gunakeun di kantor-kantor Pemda.

"Mun seug aya nu nyebutkeun, apanan di kantor tèh  rupi-rupi, teu ukur  urang Sunda? Enya, tapi inyana calik di mana. Nya wayahna kudu nyunda,” pokna.

Ceuk Abah  Awie, urang ulah sieun salah nyarita ku basa Sunda, tepi ka jadi alesan teu nyarita basa ku Sunda. "Teu kedah sieun lepat da teu lepat. Upamana  kecap dahar, tuang, neda, nyatu, kari merenahkeun,  kecap dahar kanggo ka saha, tuang kanggo ka saha, jeung saterusna. Nu terang ngawartosan, noèl, ngèlingan nu teu terang. Nu dièlingan teu kéngéng ambek, sumawonna pundung mah," pokna.***

Baca Juga: Mapag Poé Basa Indung 21 Februari 2023, Hadi AKS: Basa Sunda Terus Mekar Luyu jeung Pajamanan

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x