Abah Awie, Nanjeurkeun Basa Sunda ku Jadi ‘Youtuber’ Ngadongéng

- 21 Februari 2023, 09:04 WIB
Abah Awie di rohangan tempat 'ngayoutub' dongéng Sunda.*
Abah Awie di rohangan tempat 'ngayoutub' dongéng Sunda.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA - Jadi youtuber ngadongèng Sunda salasahiji ketak Abah Awie, nénéhna H. Heri Heryadi dina tarèkah nanjeurkeun basa Sunda. 

Sababaraha  judul dongeng Sunda geus dipedar ku Abah Awie dina channel youtube-na, di antarana serial Jaka Santang, Si Buntung Jago Tutugan, Kujang Pusaka, Waliwis Bodas, Gumilar, Enok Maé, jeung Cipanon Indung anu kabéhna karya S. Sukandar. Lian ti éta, carita Mapay Jalan ka Naraka karya Ki Masram.

Ayeuna Abah Awie keur medar dua dongeng Néng Élah karya S. Sukarna jeung Balati Demit karya S Sukandar. Pukul 16.00 WIB (sore) jeung  19.30 (peuting).

Iwal ti tarèkah mèrè panglipur ka kanca sadunya, ogè sacara teu langsung ngajarkeun basa Sunda nu bener. 

Baca Juga: Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Abah Awie: Ulah Sieun Salah Nyarita ku Basa Sunda

"Apanan dina pairan sok aya nu naros, ‘Bah, dupi èta tèh hartosna naon?’ Nya ku Abah sok dijelaskeun," ceuk Bah Awie. 

Sajaba nepikeun pesan atawa amanat dina dongengna, yèn laku lampah jalma tèh bakal aya balukarna, tina lebah basa ogè Abah Awie remen ngajelaskeun naon harti nu dimaksud kalawan miharep jadi luang ngeunaan basa Sunda. 

Abah Awie nyontokeun, dina basa Sunda aya kecap ayeuna jeung kiwari, nu basa Indonesiana sekarang. Lawan kecapna bihari atawa baheula nu basa Indonesiana dulu. 

Numutkeun Abah Awie, bisa jadi urang Sunda geus pada apal hartina kiwari tèh ayeuna, tapi kecap kiwari meureun teu sakabèh urang Sunda nyaho yèn ayeuna tèh kiwari tèa. Kitu deui kecap  baheula, mungkin waè urang Sunda loba nu apal hartina, tapi kecap bihari can tangtu pada apal yèn èta kecap sèjèn tina baheula.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x