Bupati Bandung Nargètkeun Ngawangun Dano Buatan Bojongsoang Momiti Taun Ieu

- 31 Maret 2024, 13:35 WIB
Bupati Bandung ngaresmikeun Sasak Cikeruh.
Bupati Bandung ngaresmikeun Sasak Cikeruh. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID- Ngaluhuran Sasak Cikereuh di Jalan Sapan Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung tèh salasahiji jalan kaluar ngungkulan banjir. Iwal ti kitu ogè ngawangun dano buatan atawa embung-embung, jeung normalisasi.

Kituna ditètèlakeun Bupati Bandung, Dadang Supriatana waktu ngaresmikeun Sasak Cikeruh, Saptu, 30 Maret 2024.

Ku lantaran kitu, Bupati Bandung geus buleud bakal ngamimitian ngawangun embung-embung atawa dano di Bojongsoang. Rencanana satutas Lebaran Idulfitri 1445 Hijriah.

Baca Juga: Amitan Miang Umrah, Bupati Bandung Nyantun Budak Yatim bari Kampanye rek Nyalon deui dina Pilkada 2024

Ceuk Dadang Supriatna, lahan jang embung-embung geus aya hibah ti para pangusaha. Bupati nètèlakeun pangwangunan 6 embung di wilayah wètan Kabupaten Bandung dilaksanakeun nungtut.

"Sabab ngantosan APBD lami, nya pangwangunan embung-embung rencanana ngalangkungan pentahelix kalayan ngagunakeun anggaran Corporate Social Responsibility (CSR)," ceuk Dadang Supriatna.

Balai Besar Wilayah Sungai (BBWS) Citarum ogè diperedih bantuanana ku Bupati Bandung, patalina jeung program teknisna.

Ceuk Dadang Supriatna, ieu tèh jang nyinglar kasalahan, ngingetkeun dano tèh dijieun multi fungsi. Sajaba jang sarana pangolahan cai inum, tempat wisata, ogè keur tempat panampungan cai.

Baca Juga: Sababaraha Kali Diusulkeun Diwangun, Sasak Cikeruh Antukna Diresmikeun Bupati Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x