Sakeudeung deui Lebaran, Riab Jasa Nukeuran Duit, Padahal MUI geus Lila Ngaluarkeun Fatwa Haram

- 6 April 2024, 16:03 WIB
Jasa nukeuran duit di Kabupaten Bandung, jasana 15 persen. MUI geus ngaharamkeun.
Jasa nukeuran duit di Kabupaten Bandung, jasana 15 persen. MUI geus ngaharamkeun. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Majelis Ulama Indonesia (MUI) Kabupaten Bandung cumeluk ka warga Kabupaten Bandung hususna nu biasa babagi duit dina poèan Lebaran (Idul Fitri) sangkan nukeurkeun duitna ka bank, teu ka jasa nukeurkeuran duit nu riab di sisi jalan.

Ketua Bidang Komunikasi dan Informasi (Kominfo) MUI Kabupaten Bandung H. Aam Muamar, S.Ag., M. Pd nyebutkeun, nukeurkeun duit di sisi jalan sok mènta aya pangleuleuwih, ieu hukumna riba.

Ceuk Aam Muamar, MUI geus lila ngaluarkeun fatwa patali jual beuli mata uang atawa Al-Sharf ku Fatwa Dewan Syari'ah Nasional Nomor: 28/DSN-MUI/III/2002. Salasahiji padoman tina ieu fatwa: pidawuh Allah, QS. Al-Baqarah ayat 275, nu hartina "…Jeung Allah geus ngahalalkeun jual beuli jeung ngaharamkeun riba…." katut sababaraha dalil tina hadits soheh.

Baca Juga: Lebaran 2024, Jalan Nagara Cikijing– Ciamis Loba nu Angka Dalapan

MUI, ceuk Aam Muamar, kawenanganana ukur ngaluarkeun fatwa, ari nu wenang nindak nartibkeun para tukang jasa nukeuran duit mah aparat kaamanan.

Ceuk Muamar, pihakna teu welèh  komunikasi jeung pihak kaamanan. Ngan, nu usaha kana jasa nukeran unggal taun loba waè, malahteu ukur dina Idul Fitri, di poè raya saluareun muslim ogè sok aya.

Panitènan di lapangan, nu usaha kana jasa nukeuran duit di lelewek Komplek Perumahan Taman Kopo Indah Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung umpamana, rabul ti dua minggu deuk lebaran..

Kènca katahun jalan, jarak selang 5-10 meter,  nu kalolobaanana urang Medan nawarkeun duit kertas anyar ti Rp2 tepi ka Rp100 rèbu.

Baca Juga: Bupati Bandung Nyayagikeun 334 Personel Jang Ngamankeun Lalulintas & Angkutan Lebaran

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x