Sebut wè Mar (40 taun), warga Caringin nu ngumbara ti Medan ti taun 1993. Inyana geus saminggu mangkal di Jalan Taman Kopo II Desa Rahayu Kecamatan Margaasih.
Mar masang bandrol 15 persen biaya admin. Mar geus 4 taun bisnis nu kieu. Cenah lumayan mantuan kulawargana. Anakna nu dua karèk sakola di SMP, nu hiji geus kuliah. Jasa nukeuran duit ngamangpaatkeun momen sataun sakali.
Unggal taunna ceuk Mar beda-beda jenis duit nu payu ditukeuran. Taun kamari mah cenah nu payu Rp 2 rèbu, taun ayeuna Rp 5 rèbu. Kitu pangakuanana basa ditanya di lokasi mangkalna, Saptu, 6 April 2024.
Mar bisa masang tarif jasa leuwih ti 15 persen mun seug beuki deukeut ka lebaran. Alesanana beuki loba nu butuheun Ari bank geus tarutup.*** Sopandi