Dibagéakeun ku Masarakat, Pemilu di Kuningan Kawas Mangsa Lebaran

- 14 Februari 2024, 15:28 WIB
Kaayaan di TPS 020 Kompleks Puri Asri 3 Kelurahan Ciporang, Kecamatan /Kabupaten Kuningan, dina mangsa pemungutan sora Pemilu 2024.*
Kaayaan di TPS 020 Kompleks Puri Asri 3 Kelurahan Ciporang, Kecamatan /Kabupaten Kuningan, dina mangsa pemungutan sora Pemilu 2024.* /

GALURA-“Asa lebaran pemilu téh, jalan sepi, toko réa anu nutup,” ceuk salasaurang warga, anu harita pasarandog di jalan rék ka tempat pemungutan suara (TPS) 020 RT 45 RW 8 Lingkungan Kompleks Perumahan Puri Asri 3, Kelurahan Ciporang Kecamatan Kuningan, Rebo, 14 Fébruari 2024.

Enya, ti isuk mula warga ngabring muru TPS rék nyalurkeun hak sora dina Pemilu 2024. Anu usaha muka toko atawa dagang di pasar ngahaja nutup tokona pikeun nyoblos peserta pemilu pilihanna. 


Aya anu boga anggapan, nutup toko téh lain lantaran lain patali kasumangetan warga dina mapag pemilu. Tapi tokona ditutup. ku sabab tiiseun, réa warga anu henteu balanja ka pasar, lantaran pemilu téa.

Leupas tina éta hal, dina umumna mah pemilu di Kabupatén Kuningan kacida dibagaékeun ku masarakat. Kawas di di TPS 020 Lingkungan Puri Asri 3, warga katangén sumanget miang ka TPS, sanajan dina kaayaan sabudeureun angkeub ku pihujaneun.

Samalah, aya diantarana warga anu pindah ka luar wilayah kelurahan jeung kecamatan éta kompleks pilemburan, tapi masih kenéh miboga KTP heubeul tur kacatet warga di Pemerintahan Kelurahan Ciporang, datang pikeun ngyalurkeun sora dumasar kereteg haté atawa pilihan séwang-séwangan.

Anu rék nyoblos nungguan diuk dina korsi anu geus disadiakeun ku pu pihak Kelompok Panitia Pemungutan Suara (KPPS).

Hujan girimis, henteu kairisan  cai hujan, da kaiuhan ku balandongan atawa paratag anu biasa dipake di nu hajatan.

Lamun nilik sabéngbatan, lumangsungna pemungutan suara hususna di TPS 02 , taya bedana kawas di nu hajatan. Teu katémbong suasana tegang.

Warga bisa suka seuri gogonjakan, bisa ngobrol ngalér ngidul, bisasilaturahmi.  Ku sabab kitu, pantes lamun aya nu nyebutkeun pemilu téh kawas mangsa lebaran.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x