Rukun Gawe KPID Jawa Barat jeung KB FKPPI Bandung Barat, Ngaronjatkeun Ketak Masarakat dina Pangawasan Siaran

- 26 April 2024, 06:12 WIB
Kagiatan Pembentukan dan Pembinaan Komunitas Pemantauan Isi Siaran (PIS) Jabar, Orientasi Dunia Penyiaran (Order) PIS Chapter KB FKPPI Bandung Barat, pokalna KPID Jawa Barat, di Bumi Sunda, Cihanjuang, Bandung Barat, Rebo, 24 April 2024.*   
Kagiatan Pembentukan dan Pembinaan Komunitas Pemantauan Isi Siaran (PIS) Jabar, Orientasi Dunia Penyiaran (Order) PIS Chapter KB FKPPI Bandung Barat, pokalna KPID Jawa Barat, di Bumi Sunda, Cihanjuang, Bandung Barat, Rebo, 24 April 2024.*   /R. AGAM/Galura/

GALURA.CO.ID. - Komisi Penyiaran Indonesia Daerah (KPID) Jawa Barat rukun gawe jeung Keluarga Besar Forum Komunikasi Putra Putri Purnawirawan dan Putra Putri TNI/Polri (KB FKKPI) PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, ngagelar kagiatan Pembentukan dan Pembinaan Komunitas Pemantauan Isi Siaran (PIS) Jabar, Orientasi Dunia Penyiaran (Order) PIS Chapter KB FKPPI Kabupaten Bandung Barat.

Eta acara alpukahna KPID Jawa Barat kalawan ngaubkeun KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat teh lumangsung di Bumi Sunda, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, Rebo, 24 April 2024.

Diiluan ku kira 50 urang anggota FKPPI ti sakuliah Kabupaten Bandung Barat, nu jadi panyaturna nyaeta anggota DPRD Jawa Barat Tobias Ginanjar, rengrengan KPID Jawa Barat, katut ti KPU Kabupaten Bandung Barat.

Minangka lembaga pangawasan penyiaran, KPID Jawa Barat boga peran penting geusan ngawujudkeun kaayaan masarakat nu cerdas.

Baca Juga: Sherly Kusuma, Bojo Ketua DPD PAN Majalengka, Daftar Jadi Cawabup Majalengka

Ku kituna, eusi siaran, boh nu midang dina TV boh dina radio, dipiharep sing enya-enya jadi tuntunan jeung tontonan nu ngadidik nu teu weleh boga udagan ngageuing kasadaran masarakat pikeun ngahontal kaayaan nu leuwih hade.

Ketua KPID Jawa Barat, Adiyana Slamet, ngeceskeun, di Jawa Barat kiwari aya kira 35 juta urang nu lalajo TV jeung nengetan siaran radio.

Dina ngalaksanakeun tugasna enggoning pangawasan siaran, tangtu wae KPID Jawa Barat perelu ayana rojongan ti sakumna unsur masarakat, tur rukun gawe jeung organisasi atawa komunitas masarakat.

“Keur ngahontal hasil maksimal, tangtu wae KPID teu bisa gawe sosoranganan. Dina Undang-Undang No. 32 taun 2002 ngeunaan Penyiaran, eces yen KPID kudu terus koordinasi jeung pamarentah, masarakat, oge jeung lembaga penyiaran," pokna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x