Rukun Gawe KPID Jawa Barat jeung KB FKPPI Bandung Barat, Ngaronjatkeun Ketak Masarakat dina Pangawasan Siaran

- 26 April 2024, 06:12 WIB
Kagiatan Pembentukan dan Pembinaan Komunitas Pemantauan Isi Siaran (PIS) Jabar, Orientasi Dunia Penyiaran (Order) PIS Chapter KB FKPPI Bandung Barat, pokalna KPID Jawa Barat, di Bumi Sunda, Cihanjuang, Bandung Barat, Rebo, 24 April 2024.*   
Kagiatan Pembentukan dan Pembinaan Komunitas Pemantauan Isi Siaran (PIS) Jabar, Orientasi Dunia Penyiaran (Order) PIS Chapter KB FKPPI Bandung Barat, pokalna KPID Jawa Barat, di Bumi Sunda, Cihanjuang, Bandung Barat, Rebo, 24 April 2024.*   /R. AGAM/Galura/

Tah, eta amanat Undang-Undang teh ku KPID Jawa Barat salasahijina ku ngayakeun kagiatan Program Pengawasan Semesta nu dilarapkeun kana kagaitan Order PIS.

Baca Juga: Ketua F PKB DPR RI Muji ka Kabupaten Bandung dina Kapamingpinan Dadang Supriatna

“Dina ngalarapkeun kagiatan Order PIS tea, dina ieu kasempetan KPID Jawa Barat ngaubkeun KB FKPPI Bandung Barat minangka bagean tina unsur masarakat pikeun milu aktif enggoning pangawasan siaran malar eusi siaran tetep kajaga ajenna,” ceuk Adiyana Slamet.

Anapon Tobias Ginanjar ngebrehkeun, minangka saluran frekuensi nu aya di rohang publik, eusi siaran TV atawa radio teh ulah ieuh ukur dimangpaatkeun pikeun kapentingan hiji-dua kelompok katut golongan.

“Ku kituna, kalintang penting jeung strategisna ketak KPID Jawa Barat, kalawan ngaubkeun unsur masarakat, pikeun terus ngajaga ajen eusi siaran TV sarta radio, geusan ngawujudkeun masarakat nu cerdas,” pokna.

Sajeroning kitu, Ketua KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, Gaston Barus, netelakeun, eta kagiatan teh minangka orientasi nu ngawewegan pangaweruh sakumna anggota FKPPI, utamana ngeunaan tugas-tugas KPID Jawa Barat nalika ngalakukeun pangawasan siaran.

Baca Juga: Islam jeung Sunda Gumulung Ngahudangkeun Kakuatan Tan Katingali

“Luyu jeung nu jadi harepan KPID Jawa Barat, KB FKPPI Bandung Barat ge teu weleh siap ngarojong kana kalancaran udagan tugas fungsi KPID kalawan babarengan ngalakukeun pangawasan eusi siaran malar teu mengpar tina ajen-inajen, ngawujudkeun eusi siaran nu enya-enya mangpaat keur balarea, ulah ukur keur kapentingan hiji-dua kelompok,” pok Gaston Barus.

Dina sesi dialog, komisioner KPID Jawa Barat, Elang Gantoni Malik, ngeceskeun, ieu acara Order PIS teh minangka kagiatan edukasi pikeun babarengan ngajaga jeung miara iklim penyiaran, boh TV boh radio, sangkan eusina mungguh mawa maslahat keur balarea.

“Kuring cumeluk, mun tea mah aya eusi siaran TV atawa radio nu dianggap teu uni, ulah asa-asa laporkeun wae ka KPID Jawa Barat,” pokna. ***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah