Milangkala 45 Taun FKPPI, Jumpa Kader PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat: Ngaronjatkeun Ajén Kétak Organisasi

- 18 September 2023, 05:00 WIB
Réngréngan pangurus jeung anggota KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, waktu jumpa kader dina raraga Milangkala 45 Taun FKPPI di Rajamandala, Kab. Bandung Barat, Minggu (17/9/2023).*
Réngréngan pangurus jeung anggota KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, waktu jumpa kader dina raraga Milangkala 45 Taun FKPPI di Rajamandala, Kab. Bandung Barat, Minggu (17/9/2023).* /Dok. FKPPI PC 10.28/

GALURA.CO.ID. – Milangkala ka-45 Forum Komunikasi Putra Putri Purnawirawan dan Putra Putri TNI/Polri (FKPPI), PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat ngagelar gempungan jeung jumpa kader.

Éta jumpa kader FKPPI PC 10.28 Bandung Barat téh lumangsung di Bumi Perkemahan Cengkrong, Rajamandala, Kabupaten Bandung Barat, Minggu (17/9/2023).

Jumpa kader dina raraga milangkala 45 taun FKPPI di tingkat PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat diiluan ku sakumna Pangurus Cabang, Wanhat, Pangurus Rayon, katut réngréngan anggota ti sakuliah Kabupaten Bandung Barat.

Baca Juga: Deklarasi Kabangsaan Anggota NII Manten di Kodam III Siliwangi, Kasad: Kuatkeun Rasa Micinta Lemah Cai

Runtuyan kagiatan milangkala 45 taun FKPPI Tingkat PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat mibanda téma “FKPPI Mempertahankan Keutuhan Bangsa untuk Mencapai Cita-cita Proklamasi”. Anapon organisasi FKPPI téh ngadeg ping 12 Séptémber 1978.

Ku kituna, momen milangkala 45 taun FKPPI téh sing bisa jadi pamecut pikeun PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat terus ngagumelarkeun karya-karya nu positif tur aya kontribusina pikeun kamajuan bangsa.

Minangka bagéan unsur bangsa, KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat diperedih malar milu aub kalawan aktif, babarengan, keur ngahontal kamajuan daérah.

Baca Juga: Hengky Kurniawan, Mundur jadi Bupati KBB, rék Tetep Ngawujudkeun Desa Digital

Ketua FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, Gaston Barus, mertélakeun, éta jumpa kader FKPPI téh antarana boga tujuan minangka sarana konsolidasi, pembinaan, sarta usaha nguatkeun KB FKKPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat sangkan ayana ieu organisasi mawa mangpaat keur balaréa.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x