Milangkala 45 Taun FKPPI, Jumpa Kader PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat: Ngaronjatkeun Ajén Kétak Organisasi

- 18 September 2023, 05:00 WIB
Réngréngan pangurus jeung anggota KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, waktu jumpa kader dina raraga Milangkala 45 Taun FKPPI di Rajamandala, Kab. Bandung Barat, Minggu (17/9/2023).*
Réngréngan pangurus jeung anggota KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, waktu jumpa kader dina raraga Milangkala 45 Taun FKPPI di Rajamandala, Kab. Bandung Barat, Minggu (17/9/2023).* /Dok. FKPPI PC 10.28/

KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat diwengku 16 Pangurus Rayon di tingkat kacamatan, sarta 165 Pangurus Ranting di tingkat désa.

Tah, dina jumpa kader FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat harita ogé diwewegan ku ayana diskusi geusan ngaronjatkeun ajén kétak kader, boh kualitasna boh kuantitasna.

“Ku kituna dipiharep, sakumna kader FKPPI PC 10.28 Kabupaten Barat sing enya-enya mampuh ngarojong lumangsungna saniskara program organisasi, kalawan udagan babakti ka nagara jeung masarakat,” ceuk Gaston Barus.

Baca Juga: Mapella Unla dina Mapeling Mahasiswa Anyar, Nyalametkeun nu Kapahung di Lante 6

Anapon dina pembinaan, satekah polah terus digederkeun wawasan kabangsaan enggoning ngagumelarkeun sumber daya manusa nu teu weleh micinta lemah caina, katut tumuwuh sikep béla nagara.

Lian ti éta, ogé ngawangun hubungan rukun gawé jeung sakumna pihak, kaasup jeung unsur pamaréntah Kabupaten Bandung Barat, dina ihtiar babarengan ngamajukeun daérah.

“Pembinaan wawasan kabangsaan terus digederkeun, ogé pelatihan kapamingpinan jangeun tuwuhna karakter kamandirian jeung kompetensi di satengahing nyanghareupan persaéngan globalisasi,” ceuk Gaston Barus.

Laju manéhna miharep, ayana FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat téh sing bisa jadi tuladaneun balaréa dina milu aub ngarawat sarta ngajaga Negara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI).

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

Nu oge disawalakeun dina jumpa kader FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat téh nyaéta matéakeun rupaning poténsi nu bisa dimekarkeun pikeun kamajuan organisasi, kaasup poténsi paékonomian jeung sumber daya manusa nu sumebar di sababaraha widang.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah