Gempungan KB FKPPI PC 10.28 Bandung Barat, Maheutkeun Konsolidasi Pembinaan Kapangurusan Organisasi

- 20 Februari 2023, 14:00 WIB
Rengrengan pangurus jeung anggota KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, waktu gempungan konsolidasi organisasi, di Situ Ciburuy, Padalarang, Kab. Bandung Barat, Minggu, 19 Februari 2023/DOK. FKPPI PC 10.28
Rengrengan pangurus jeung anggota KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, waktu gempungan konsolidasi organisasi, di Situ Ciburuy, Padalarang, Kab. Bandung Barat, Minggu, 19 Februari 2023/DOK. FKPPI PC 10.28 /

GALURA – Tina gempungan KB Forum Komunikasi Putra Putri Purnawirawan dan Putra Putri TNI/Polri (FKPPI) PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, dipiharep bisa terus ngagumelarkeun karya-karya nu positif tur aya kontribusina pikeun kamajuan bangsa.

Minangka bagean unsur bangsa, KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat diperedih malar milu aub kalawan aktif, babarengan, keur ngahontal kamajuan daerah.

Ku ayana gempungan tea, eta teh minangka sarana konsolidasi, pembinaan, sarta usaha nguatkeun KB FKKPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat sangkan ayana ieu organisasi mawa mangpaat keur balarea.

Baca Juga: Ku Eyang Mahmud Diawuran Sakeupeul Taneuh Meunang Mawa ti Mekah, Lahan Rawa Jadi Pedet

Kitu antarana nu kaguar dina gempungan KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, Minggu, 19 Februari 2023.

Eta gempungan teh lumangsung di padumukan salasaurang pangurus, di kawasan Situ Ciburuy, Padalarang, Kabupaten Bandung Barat, dihadiran ku Pangurus Cabang, Wanhat, Pangurus Rayon, katut sakumna rengrengan anggota.

Ketua KB FKPPI PC 10.28 Bandung Barat, Gaston Barus, mertelakeun, gempungan antarana boga maksud pikeun maheutkeun konsolidasi geusan kabentukna kapangurusan di 16 Rayon, nyanghareupan Muscab nu insyaallah baris digelar Mei 2023.

Baca Juga: Di Kampung Mahmud, Pantrangan Ngingu Soang jeung Nabeuh Goong Diestokeun keneh

KB FKPPI PC10.28 Kabupaten Bandung Barat diwengku 16 Pangurus Rayon di tingkat kacamatan, sarta 165 Pangurus Ranting di tingkat desa.

Anapon dina pembinaan, satekah polah terus digederkeun wawasan kabangsaan enggoning ngagumelarkeun sumber daya manusa nu teu weleh micinta lemah caina, katut tumuwuh sikep bela nagara.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x