BAWANING hayang nyaho, Bena bari leumpangna anca, nyampeurkeun tukang rakit. Gek diuk gigireunana. Prajurit Cirebon nempoeun Bena muru tukang rakit teh.
Ngan ku sabab Bena katempoeunana teu nyurigakeun, henteu dikukumaha, henteu terus disampeurkeun. Meureun disangkana baturna tukang rakit.
Ongkoh deuih pakean Bena prah jeung umumna pakean somahan, sarta henteu nembongkeun dirina prajurit pinilih Pajajaran.
“Kawas aya nu diudag?” ceuk Bena lalaunan.
“Puguh enya,” tembal tukang rakit.
“Saha?”
“Kateuing.”
“Kumaha mimitina?”
“Prajurit nu keur nunda kuda di gigireun warung deukeut tanjakan, panghilirna, dibaledog ku pangpung, nenggel kana beuheungna.”