Gempungan KB FKPPI PC 10.28 Bandung Barat, Maheutkeun Konsolidasi Pembinaan Kapangurusan Organisasi

- 20 Februari 2023, 14:00 WIB
Rengrengan pangurus jeung anggota KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, waktu gempungan konsolidasi organisasi, di Situ Ciburuy, Padalarang, Kab. Bandung Barat, Minggu, 19 Februari 2023/DOK. FKPPI PC 10.28
Rengrengan pangurus jeung anggota KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, waktu gempungan konsolidasi organisasi, di Situ Ciburuy, Padalarang, Kab. Bandung Barat, Minggu, 19 Februari 2023/DOK. FKPPI PC 10.28 /

Lian ti eta, oge ngawangun hubungan rukun gawe jeung sakumna pihak, kaasup jeung unsur pamarentah Kabupaten Bandung Barat, dina ihtiar babarengan ngamajukeun daerah.

Baca Juga: Pantrangan Nyieun Imah Tembok di Kampung Mahmud Dirarempak, Imah Panggung geus Langka

“Pembinaan wawasan kabangsaan terus digederkeun, oge pelatihan kapamingpinan jangeun tuwuhna karakter kamandirian jeung kompetensi di satengahing nyanghareupan persaengan globalisasi,” ceuk Gaston Barus.

Laju manehna miharep, ayana FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat teh sing bisa jadi tuladaneun balarea dina milu aub ngarawat sarta ngajaga Negara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI).

Sajeroning kitu, Wakil 1 Bidang Organisasi, Asep Dedi, ngebrehkeun, lian ti silaturahmi, gempungan KB FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat ge pikeun maheutkeun kabentukna kapangurusan di 16 Rayon, Generasi Muda KB FKPPI, Wanita KB FKPPI, katut HIPWI KB FKPPI.

Baca Juga: Politisi PKB, Maman Imanulhaq: Naekna Bipih taun 2023 kudu Diparesiasi ku Masarakat

Kabentukna Rayon jeung organisasi sejenna teh minangka pasaratan keur palaksanaan Muscab KB FKPPI 10.28 Kabupaten Bandung Barat.

Nu oge disawalakeun dina gempungan nyaeta mateakeun rupaning potensi nu bisa dimekarkeun pikeun kamajuan organisasi, kaasup potensi paekonomian jeung sumber daya manusa nu sumebar di sababaraha widang.

Tah, optimalisasi ketak KB FKPPI PC 10.28 Bandung Barat teh bisa ngawujud mun sakumna rengrengan sapatekadan kana komitmen, kompak, turta solid.

Baca Juga: Musda XV KNPI Majalengka, Anto Febrianto, Sekretaris GADA AMS, Kapilih jadi Ketua KNPI Majalengka

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x