Pantrangan Nyieun Imah Tembok di Kampung Mahmud Dirarempak, Imah Panggung geus Langka

- 20 Februari 2023, 11:30 WIB
Imah panggung di Kampung Adat Mahpud kiwari ngan sabababaraha hiji. Di Kampung Adat Mahmud loba nu ngarempak pantrangan nyieun imah  panggung.
Imah panggung di Kampung Adat Mahpud kiwari ngan sabababaraha hiji. Di Kampung Adat Mahmud loba nu ngarempak pantrangan nyieun imah panggung. /Sopandi/Galura

GALURA -Di Kampung Mahmud, nu perenahna di Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung pantrangan nyieun imah tembok tapi kudu imah panggung dirarempak ku masarakatna. Najan kitu pamor Kampung Adat Mahmud henteu tepi ka sirna.

Bareto mah di Kampung Mahmud teh imahna kabeh oge imah panggung, euweuh imah tembok.  Masarakatna ngestokeun pantarangan nyieun imah tembok. Kiwari mah sabalikna, imah panggung nu langka teh.

Ku nasarakat Kampung Mahmud, pantrangan nyieun imah tembok teh  beuki dieu beuki dibaekeun tepi ka ngabangun imahna lain imah panggung. Paling henteu tepi ka danget ieu pamor Kampung Mahmud henteu pupul.

Baca Juga: Kampung Mahmud Bihari jeung Kiwari, Imah Panggung geus Langka

Welasan taun ka tukang, imah panggung bilik awi masih kènèh rajeg di Kampung Mahmud nu sacara pamarentahan asup ka di RW 04 Desa Mekerrahayu. Harita warga teu wanieun ngarempak pantrangan.

Ngan beuki dieu laun-laun imah panggung robah jadi imah kontruksi tembok. Kiwari di Kampung Mahmud ukur sababaraha hiji imah panggung bilik awi.

Nguranganana imah panggung diaku ku sesepuh Kampung Mahmud, H. Uron, najan teu apaleun persisna kari sabaraha hiji imah panggung.

Amu jelas tina 400 umpi, ayeuna imah warga lolobana mah geus dirobah kontruksina ku tembok. Geus henteu panggung deui. Teu kawas baheula, lolobana imahna teh panggung, najan sabudeureunana imah tembok oge.

Baca Juga: Sababaraha Toko Legendaris di Kota Bandung, Boga Ajen Sajarah tur Numuwuhkeun Akulturasi Budaya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x