Tutut Mambo Majalengka, Jajanan Legendaris ti Majalengka

- 29 Januari 2024, 18:00 WIB
Pj Bupati Majalengka, Dedi Sopandi, nu cenah bakal makalangan dina Pikada Majalengka engke nitenan tutut mambo di Pasar Mambo.*
Pj Bupati Majalengka, Dedi Sopandi, nu cenah bakal makalangan dina Pikada Majalengka engke nitenan tutut mambo di Pasar Mambo.* /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sekda Majalengka, H. Eman Suherman, nyebutkeun Pasar Mambo teh salasahiji puseur jajanan di Kabupaten Majalengka. Pasar Mambo geus aya kira-kira taun 1950-an. Loba rupa-rupa jajanan di Pasar Mambo. Kulineran di dieu dipastikeun teu nguras pesak. Salasahiji jajanan nu legendaris teh tutut Mambo.

"Angeun tutut ti taun 1970-an nepi ka kiwari tetep aya di Pasar Mambo. Munggaran dipopulerkeun ku Ma Icih, tos janten usaha turun-temurun kanggo kulawarga sareng rundayan Ma Icih," ceuk Sekda Eman.

Imu, salasaurang seuweu Ma Icih ayeuna neruskeun usaha kana nyieunan angeun tutut. "Ngawitanana pun ema (Ma Icih) nu aya di ieu pasar. Ku margi ema tos tilar dunya kiwari diteraskeun ku abdi, " ceuk Imu.

Baca Juga: Mambo Reborn Nguniangna Legenda Puseur Kuliner di Majalengka, Hanjakal Make Istilah Basa Dengeun

Imu nuluykeun usaha indungna eta lain ngan saukur keur nyambung hirup, tapi oge keur ngajaga warisan Ma Icih nu geus ngalegenda. "Ngawitan mah bingung bade usaha naon deui. Simkuring mung gaduh usaha ieu wae. Saterasna hoyong ngajagi jajanan kabaheulaan," ceuk Imu.

Sanajan angeun tutut Ma Icih geus pindah leungeun, tapi rasa has ti tutut Ma Icih masih kajaga. Hal eta lantaran resep tutut Ma Icih masih digunakeun ku rundayan Ma Icih.

"Resepna tetep warisan ti ema. Ku margi eta rasa hasna teu robih. Bahanna aya koneng, sabrang garing, laja sareng jahe," ceuk Imu. Proses masakna teu hese, rengse cangkang tutut bagian nu seukeutna dipotong, tututna dikeueum heula ku cai, supados taneuh boh keusik nu aya di lebet cangkang kaluar, saterasna digodog," ceuk Imu.

Imu dagang tutut ti jm 16.00 WIB nepi ka jam 22.00 WIB. Omzet sapoena Rp300 rebu. “Kapungkur mah sadinten teh Rp800 rebu, ayeuna mah kirang nu, upami nuju rame sadinten paling Rp300 rebu,” pokna.

Salasaurang nu mindeng ngadahar Tutut Mambo, Yulia (41) ngaku masih micinta tutut, sanajan tutut Ma Icih geus pindah leungeun. Keur dirinma tutut Mambo mibanda rasa has jeung panineungan nu mandiri.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x