Nyieun Anemometer, Alat Paranti Ngukur Angin

- 17 Januari 2024, 20:00 WIB
Anémométér, alat paranti ngukur angin.
Anémométér, alat paranti ngukur angin. /

GALURA.CO.ID -Angin téh ayana ku sabab tekenan udara anu béda. Angin nebak ti tempat nu tekenan udarana luhur ka tempat nu tekenanana handap. Angin téh pikeun manusa gedé magpaatna. Baheula méméh aya mesin jeung bahan bakar, apan nu ngagerakkeun kandaraan téh angin.

Angin ogé bisa ngagerakeun baling-baling raksasa saperti nu di Belanda, nu disebut kincir angin nu digunakeun pikeun nyaian kebon kembang Tulip jeung mesin paranti ngagiling gandum.
Pikeun ngukur tarik henteuna angin nebak, kudu aya alatna.

Nya dina taun 1846 Ilmuwan Inggris nu gedé di Irlandia ngaranna Thomas Romney Robinson, nyiptakeun alat pikeun ngukur tarikna angin, disebut anémométér. Nya nepi ka kiwari alat ngukur tarikna angin téh masih kénéh dipaké boh di palabuan boh lapangan terbang.

Baca Juga: Kaulinan Barudak Jaman Baheula, Sluip Door

Urang oge bisa nyieun anémométér ku sorangan nu sarupa jeung nu dijieun ku Robinson tapi maké alat jeung bahan anu basajan.

Alatna

  • cangkir plastik atawa cangkang aqua gelas
  • karton kardus
  • paku payung
  • spidol warna
  • stapler
  • plastisin atawa malam pikeun kaulinan barudak
  • papan
  • jam tangan

Cara nyieunna

  • Gunting karton kardus wangunna persegi panjang ukuran 20 cm ka 4 cm. Jieun dua siki anu saukuran.
  • Béré tanda titik tengah éta karton téh ku spidol. Hijikeun ku stapler éta dua karton téh jadi bentuk tambah atawa baling-baling
  • tancebkeun pin atawa paku payung di tengah-tengah baling-baling
  • warnaan salah sahiji cangkir plastik ku spidol
  • tiap tungtung baling-baling tapelkeun cangkir plastik kalayan nyanghareupna sarua
  • tancebkeun pin atawa paku payung nu aya dina baling-baling kana patlot anu aya pamupusan
  • cobaan tiup salah sahiji cangkir supaya baling-baling bisa muter
  • tancebkeun patlot dina papan dirapet ku malam (plastisin)

Baca Juga: Mangsi Rusiah

Bawa ka luar nu kira-kira gedé angin. Hég taliti sabaraha puteran baling-baling muter dina samenit. Nu disebut saputeran téh tiap cangkir warna tepung deui ka mimiti muter. Saputeran sakuriling cangkir warna téa.

Pék taliti bédana angin di tempat hiji jeung tempat séjénna. Kitu deui angin isuk-isuk, soré, jeung peuting naha aya bééana?

Memang anémométer jieunan urang teu bisa ngukur tarikna angin dina ukuran jam. Najan kitu ieu alat bisa méré gambaran kumaha tarikna angin. Bisa ngukur dina ukuran jam, tapi kudu dibawa dina mobil, kakara bisa ngukur agin dina satuan kilométer per jam.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x