Mangsi Rusiah

- 8 Januari 2024, 21:00 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Budi Riyanto/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Jalma-jalma baheula, nalika nulis téh masih maraké gagang nu dijieun tina bulu soang, nu dian­clomkeun kana mangsi. Anapon sajarah timuna mangsi, dimimitian 5000 taun kalarung.

Harita bangsa Tionghoa, nyieun mangsi tina mé­hong, hasil ngareng tina tangkal cemara, méhong tina lampu sem­prong, jeung gelatin, atawa jéroan awak sasatoan katut getihna nu geus dibekukeun.

Urang India, abad ka opat méméh Masehi, manggihan bahan paragi nulis nu disebut “mangsi,”  dijieun tina, karbon hideung, nyéta hasil durukan tulang-taléng ingon-ingon, aspal, jeung pitch, sajenis kimia.

Baca Juga: Hayam Sukuna Tilu, di Sindangkasih Kabupaten Majalengka

Bangsa Romawi béda deui manggihan bahan mangsi téh, nyéta tina, bubuk garam-garaman beusi, tannin jeung gallnut, sajenis geutah tatangkalan.

Dina abad modéren, bahan mangsi disampurnakeun, nu diweng­ku ku; kimia pelarut, pigmén, bahan celepan, resin, pelumas, sollubilizer, surfaktan,jeung nu lianna. Matak campuran kimiana loba téh, enya ngarah mangsi napel pisan kana kertas, moal babari kapupus. Éta sababna, kunaon dina pemilu, para calon pemilih, tutas nyoblos, cingirna dianclomkeun kana mangsi.

Ka béhdieunakeun urang Hong­garia, ngaran, Laszlo Biro, manggihan mangsi beku, nu katelah ballpoint téa, nu kiwari ku urang geus prah diparaké pikeun kaperluan tulas-tulis. Jigana pikeun hidep nu geus sakola di SMP mah kabéh gé pernah nulis maké pulpén.

Tah, leuleutikan, cuang ékperimén nyieun mangsi. Tapi nu ieu mah, leuwih kana hiburan. Urang niru-niru agén rasiah dina nepikeun warta tinulis. Sok sanajan kitu teu ngaleungitkeun pangaweruh kana soal kimia, sok sanajan basajan.

Baca Juga: Cimanuk Kuring, Walungan nu Ngabagjakeun

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x