Huma di Masarakat Sunda

- 26 Desember 2023, 18:00 WIB
Huma di Ciptagelar, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi, Jawa Barat.
Huma di Ciptagelar, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi, Jawa Barat. /

 

GALURA.CO.ID -Kaayaan alam wewengkon Karajaan Sunda Galuh nu rentul ku gunung jeung pasir, ngalantarankeun masarakatna tatanen di huma atawa ngahuma. Sababaraha naskah buhun nembreskeun masarakat Sunda mah dina tatanen teh ngahuma.

Di Sunda, sawah geus dipiwanoh jauh samemeh kapangaruhan ku Mataram Sultan Agung, ngan nu  nyawah jaman Karajaan Sunda Galuh saeutik pisan.

Naskah Sanghyang Siksakandang Karesian (SSK), salasahiji naskah nu ngagambarkeun kahirupan masarakat Sunda abad ka-16 di antarana medar sababaraha profesi masarakat Sunda.

Baca Juga: Cupu Manik Astagina Radar dina Pawayangan

Eta profesi teh di antarana pangalasan, ngahuma, tukang sadap, nyawah, tukang ngala lauk, palika (tukang teuleum) jeung sajabana.

Eusi prasasti Sanghyang Tapak II, prasasti Kawali, prasasti Batu Tulis, jeung   prasasti Huludayeuh nembongkeun ekosistem pahumahaan jeung pasawahan. Dina Naskah Carita Parahyangan disabit ngeunaan istilah-istilah nu nuduhkeun pagawean di huma. 

Disebutkeun lahirna titisan Panca Kusika: Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, jeung Sang Wretikandajun.

Masing-masing titisan mibanda profesina sewang-sewangan.  “…Sang  Mangukuhan  njieun  maneh  pa(ng)huma,  Sang  Karungkalah njieun maneh panggerek, Sang Katu(ng)maralah  njieun maneh panjadap, Sang Sandanggreba njieun maneh padagang”.

Baca Juga: Ngungkab Misteri Rawa Onom jeung Pulo Majeti di Kota Banjar Jawa Barat

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x