GALURA.CO.ID -Di Tatar Sunda memang keris teu kawas di Tanah Jawa. Najan kitu Sunda kungsi ngahasilkeun keris pusaka nu kakoncara kasaktianana. Malah ceuk sakaol urang Jawa oge tepi ka ayeuna teu weleh neangan di mana ayana keris pusaka ti Tatar Sunda.
Keris pusaka ti Tatar Sunda nu ku urang Jawa diteteangan teh kakoncara ku sebutan keris Setan Kober jeung keris Naga Siluman. Cenah mah dua keris bisa masih aya di Tatar Sunda. Dianggap keris pusaka nu mibanda kakuatan gaib nu hese tandingna.
Keris Setan Kober dijieun ku Mpu Bayuaji, jaman Pajajaran kira-kira taun 1150 Maséhi. Besalenna (tempat nyieun keris jeung senjata pusaka sejenna) pernahna di Cirebon, di sisi leuweung gerotan nu angker.
Baca Juga: Lawang Bledheg Masjid Agung Demak Jawa Tengah
Mpu Bayuaji kungsi bogaeun murid ti bangsa mahluk halus, bangsa jin. Ngan saterusna diusir. Lain pedah lenger, tapi loba jin sejenna daratang nu hayang jadi murid Mpu Bayuaji. Antukna Mpu Bayuaji kaganggu lamun keur nyieun keris.
Alatan keur jengkel ka jin nu ngagarimbung narempokeun Mbu Bayuaji, teu sadar Mpu Bayuaji nyieun keris ngaluarkeun hawa panas. Balukarna anu bogaeun eta keris jadi mibanda kahayang nu luar biasa satekah terus-terusan bajuang pikeun ngahontal kahayangna.
Keris jieunan Mpu Bayuaji saterusna dingaranan Setan Kober. Ceuk sakaol keris Setan Kobar kungsi dipibanda ku Haryo Penangsang, adipati di Jipang, jaman Demak (1521-1546).
Keris Naga Siluman mah ayana jaman Ciung Wanara. Anu nyieunna Mpu Gebang. Ieu keris mibanda eluk 13. Dijieunna Keris Naga Siluman mibanda kasang tukang nu kalaaman ku Ciung Wanara.
Baca Juga: Penasehat Pepadi Kabupaten Ciamis, Deden Tirayana Sunandar: Ciamis Krisis Sinden Wayang