Penasehat Pepadi Kabupaten Ciamis, Deden Tirayana Sunandar: Ciamis Krisis Sinden Wayang

- 1 Desember 2023, 08:10 WIB
Penasehat Pepadi Kabupaten Ciamis, Deden Tirayana Sunandar.
Penasehat Pepadi Kabupaten Ciamis, Deden Tirayana Sunandar. /Nanang S/galura.co.id

CIAMIS.CO.ID -Kabupaten Ciamis kiwari keur nandangan krisis sinden wayang golek. Nu aya kiwari geus sarepuh, upamana Ibu Tating ti Ciamis jeung Ibu Uun ti Tambaksari. Kitu ditepikeun ku Deden Tirayana Sunandar penasehat Pepadi Kabupaten Ciamis.

Dede Tirayana nu dumuk Majapura, Desa Bunter, Kecamatan Ciamis nyebutkeun inyana mun aya panggungan sok neang sinden ti Kabupaten Cilacap, Jawa Tengah. “Namina Edoh, sanaos ti Jawa, teu kaciri lentong Jawana,” pokna.

Nu matak bisa kaharti mun pamarentah Kabupaten Ciamis, lebah dieu Dinas Kebudayaan Pemuda dan Olahraga (Disbudpora) henteu ngirimkeun wawakilna ka Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung, 27-28 November 2023.

Teu miluna Kabupaten Ciamis dina Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung, Dede Tirayana nu asalna ti Banjaran Kabupaten Bandung diteleponan ku Dadan Sunandar Sunarya jeung ku Yogaswara.

Baca Juga: Ciamis Absen, Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung Hadiahna Rp 90 Juta

“Saur aranjeunna teh: Ku naon Mang, Ciamis, teu ngintunkeun dalang (ka Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa)? Ku simkuring teh diwaler: teu aya dana,” ceuk Deden Tirayana nu taun 1978 juara katilu ngadalang tingkat nasional di Jakarta.

Kudu gancang diungkulan

Balik deui kana soal sinden wayang, Deden Tirayana nyebutkeun kaayaan kieu kudu gancang diungkulan. Generasi ngora sinden di Kabupaten Ciamis kudu dimuncunghulkeun deui. Mun diantep dalang di Ciamis mun rek manggung kudu neangan sinden ti wewengkon sejen.

Ari nayaga mah di Kabupaten Ciamis henteu kurang. “Mung ieu sinden. Pun anak oge mun aya panggungan nu dianggo teh sinden Edoh,” ceuk Deden Tirayana.

Dalang di Kabupaten Ciamis sakanyaho Deden Tirayana, jumlahna moal kurang ti 15 urang. Rata-rata ngora keneh. Anu geus senior mah ukur tilu urang: inyana sorangan, Aa Sonjaya, jeung Deden Kurnia (Ketua Pepadi Kabupaten Ciamis).

Baca Juga: Ciamis Teu Ngirimkeun Dalang ka Binojakrama Pedalangan di Kabupaten Bandung, Disbudpora Ciamis Ngabetem

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah