Pepadi: Hadiah Rp 90 Juta keur Juara Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa Kakarèk Ayeuna

- 28 November 2023, 12:00 WIB
Ketua Pepadi  Kabupaten Bandung, Dani Sugiri (katilu ti kenca) Ketua Pepadi Jabar, Darsa Wibiksana (kaopat) dipoto bareng Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata  Kabupaten Banding, Wawan Ridwan (kadua) jeung Kabid Ekraf/ Plt Kabid Kebidayaan, Vema Andriawan (pangkatuhuna).
Ketua Pepadi Kabupaten Bandung, Dani Sugiri (katilu ti kenca) Ketua Pepadi Jabar, Darsa Wibiksana (kaopat) dipoto bareng Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Banding, Wawan Ridwan (kadua) jeung Kabid Ekraf/ Plt Kabid Kebidayaan, Vema Andriawan (pangkatuhuna). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Iwal ti marebutkeun Bokor Mas Astagina, tropi bagilir nu dilapis emas 4 karat, Binojakrama Padangan Wayang Golek Purwa di Kabukaten Bandung,  pinunjulna baris dihadiahan Rp 90 juta. Hadiah disayagikeun ku Bupati Bandung, Dadang Supriatna.

Kana hadiah  ieu, Pupuhu Persatuan Padalangan Indonesia (Pepadi) Jawa Barat, Darsa Wibiksana, kacida ngaapresiasina . "Nembè danget ayeuna Binojakrama hadiah pinunjul kahijina Rp 20 juta. Sateuacanna paling ageung Rp 7 juta, " ceuk Darsa dina lolongkrang acara, Senen, 27 November 2023.

Ku kituna, Darsa nganuhunkeun ka pribumi, hususna ka Bupati Bandung, Dadang Supriatna. Inyana miharep ku hadiah jadi pamecut para seniman padalangan dina ngembangkeun kamotèkaranana.

Baca Juga: Lima Belas Dalang Tandang dina Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung

Hal nu sarupa ditètèlakeun ku Ketua Pepadi Kabupaten Bandung nu ogè Ketua Paseban Kabupaten Bandung, Dani Sugiri.

Binojakrama tèh ceuk Dani tolak ukur kamekaran dalang ka hareupna. Binojakrama oge pikeun meunteun kumaha kamekaran dalang ayeuna nu saterusna bakal dibina sangkan leuwih mekar.

"Perkawis èta Bupati Bandung masihan kagegelan langkung, hadiah Rp 90 juta memang sakedahna urang masihan apresiasi ka seniman padalangan, Margi apanan teu nyalira. Para nayaga aya kana 20-30 urang. Upami hadiahna ageung nya dibagi-bagi, " ceuk Dani.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x