Lima Belas Dalang Tandang dina Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung

- 27 November 2023, 21:01 WIB
Pamasrahaan Bokor Mas Astagina  ti Khanha (pinunjul ka-1 Bonojakrama taun 2021) ka Kadisbudpar Kabupaten Bandung Wawan Ridwan, dina bubuka Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Putea di Kabupaten Bandung (27/11/2023).
Pamasrahaan Bokor Mas Astagina ti Khanha (pinunjul ka-1 Bonojakrama taun 2021) ka Kadisbudpar Kabupaten Bandung Wawan Ridwan, dina bubuka Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Putea di Kabupaten Bandung (27/11/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Aya 15 dalang wawakil ti kabupaten  kota sajawa Barat tandang dina Binojakrama Pedalangan Wayang Golek Purwa di Bale Rame, Komplek Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) Sorenag, Senen-Salasa, 27-28 Nopember 2023.

Dina poe kahiji, Senen, 27 November 2023, 8 dalang tandang, 7 dalang tandang poe Salasa, 28 November 2023. Masing- masing dalang minton dina waktu ulah leuwih ti sajam.

Kabupaten Bandung minangka pribumi, nyayagikeun hadiah total Rp 90 juta. Jang pinunjul ka-1 Rp 20 juta, pinunjul ka-2 Rp 15 juta, pinunjul ka-3 Rp 10 juta Iwal ti kitu Rp 45 juta jang juru kawih katut juru pangrawit.

Baca Juga: Ciamis Absen, Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung Hadiahna Rp 90 Juta

Acara Binojakrama dibuka ku pintonan tarian Arbapuspa ti Padepokan Girijinawi Raharja nu dipupuhuan Dalang Asep Sandi. Ngagambarkeun dalang dina ngawayang tkudu masagi.

Nu minton munggaran dina Binojakrama dalang  Nono Supriatna ti Kabupaten Pangandaran kalawan lalakonna Seta Gugur.

Satuluyna dalang Heru Hermawan (Bekasi) lalakonna Rebutan Konta; dalang Kusnadi (Karawang), lalakon: Seta Gugur; dalang Reza Firmansyah (Purwakarta) lalakon: Aswatana Nilar Palagan.

Dalang Aan Anjasmara (Kuningan) Pasini Soemantri di Majespati; dalang Ujang Andi Cahyana (Garut) Laya Perbangsa; dalang M. Ridwan (Tasikmalaya) Guarsa Minantara; dalang Adi Sumanjaya Gunaya (Sumedang) Patih Suanda Gugur,

Salasa,  28 Nopember 2023 ti wit tabih  08.00 tepi ka tabuh 17.30 minton pamiilon dalang Dea Gala (Bogor), Buriswara Gugur; dalang Arif Nugraha Rawanda (Bandung Barat) Subali Pejah.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah