Kariaan Bedol Desa: Ode Tanah II Komunitas Celah Celah Langit, Kolektif Teks Ngageuing Kasadaran Lingkungan

- 22 November 2023, 05:00 WIB
Pintonan Bedol Desa: Ode Tanah II pidangan Komunitas Celah Celah Langit, ngeuyeuban Invitasi ka-8 Jurusan Teater ISBI Bandung, di Gedong Patanjala Kampus ISBI Bandung, Senen, 20 November 2023.*
Pintonan Bedol Desa: Ode Tanah II pidangan Komunitas Celah Celah Langit, ngeuyeuban Invitasi ka-8 Jurusan Teater ISBI Bandung, di Gedong Patanjala Kampus ISBI Bandung, Senen, 20 November 2023.* /R. Agam/Galura/

GALURA.CO.ID. – Kariaan Bedol Desa: Ode Tanah II Komunitas Celah Celah Langit (CCL) diawalan ku solawat nu dipirig ku tatabeuhan, tur dipasieup ku ngelunna haseup.

Sup ka arena, parapatani, lalaki jeung awewe, ngigel kalawan leuleus liat, nuturkeun wirahma musik jeung haleuang beluk nu ngasongkeun kaayaan mistis.

Maranehanana, marake baju pangsi calana hideung nengah bitis, dina arena lir kotakan sawah, bari nari teh geus nembongkeun rupaning simbul warga agraris samodel pare, awi, bebegig, samping batik motif has agraris, sarta geleberna manuk.

Adegan satuluyna, Bedol Desa: Ode Tanah II pidangan Komunitas CCL teh genti musik ku wirahma nu mingkin dinamis narikan. Parapatani nyanghareupan ngagederna pangwangunan, ciweuhna mafia tanah, sawah jeung leuweung geus kairong bakal ngahiang.

“Sawah baris genti jinis jadi jalan tol, urang bakal leungiteun leuweung. Balong bakal saat, moal aya deui ingon-ingon jeung pepelakan...,” kitu ceuk parapatani.

Baca Juga: Ditetepkeun di Paris, Bahasa Indonesia Jadi Basa Resmi Konferensi Umum UNESCO

Kitu antarana runtuyan adegan dina pintonan Bedol Desa: Ode Tanah II pidangan Komunitas CCL nu ngeuyeuban acara Invitasi ka-8 Jurusan Teater Institut Seni Budaya (ISBI) Bandung 2023, di Gedong Patanjala ISBI Bandung, Jalan Buahbatu, Kota Bandung, Senen, 20 November 2023.

Parapamaen Bedol Desa: Ode Tanah II Komunitas CCL nu lolobana mahasiswa-mahasiswi ISBI Bandung teh, harita, nguah panggung arena kotakan sawah diamparan pare garing, nu dipageran ku awi gombong.

Artistik eta pintonan estu leubeut ku simbul warga tani agraris, tur didominasi ku leunjeuran awi. Maranehanana ngulinkeun awi di satengahing adegan, ngaguluyurkeun carita tina naskah hasil kolektif teks maranehanana.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x