Pantun Sunda, Teater Tutur, keur Ngahormat Dewi Sri Rumbuyang

- 20 September 2023, 13:00 WIB
Pagelaran seni pantun Sunda. Pantun Sunda beda jeung pantun Melayu. Pantun Sunda diciptakeun keur ngahormat Nyi Pohaci.*
Pagelaran seni pantun Sunda. Pantun Sunda beda jeung pantun Melayu. Pantun Sunda diciptakeun keur ngahormat Nyi Pohaci.* /


Rajah Bubuka

Bul kukus ka luhur anu mayungan
ka handap anu ngamparan
ka gigir anu ngaping beurang jeung peuting
ka pangéran bagus daka
anu bisa nyukcruk laut mapay sagara
nurus bumi ngapung ngawang
ka pangéran putih anu linggih dina embun-embunan kaula
kaula seja ngahiras saya
hatur bakti sangu wangi sapurukaneun
mugi kasari kabakti
kateda katarima
pangabakti ti abdi saréat
alit anu dibaktikeun
ageung nu disuhunkeun
singgetna ka ibu, ka rama
ka indung anu teu ngandung
ka rama anu teu ngayuga
ka ibu Hawa, ka rama Adam
Ka Gusti, Ka Wali, Ka Alloh, Ka Rosullulloh
Dulur kaula anu ka opat ka lima pancer
dulur kaula ka genep ka tujuh pancer
ka nini ka aki
ka nini paraji batin
ka aki paraji batin
anu bisa ngarupakeun, anu bisa ngarékakeun
anu bisa nimbang kasalahan urang
atawa rejeki kaula
neda agung nya paralun...

Tatalu

Barudak kiwari réa anu teu wanoh kana seni pantun, mun ditalék ngeunaan seni pantun jawabna téh “berbalas pantun”. Kana caritana deuih loba nu teu apal, mun ditanya ngeunaan carita Lutung Kasarung, Mundinglaya gogodeg.

Béda deui mun ditanya ngeunaan Naruto, Dora Émon, Upin Ipin, Spider Man, ngagorolang apal pisan. Tong nyalahkeun barudak, bongan di dunya atikan, seni pantun jeung seni tradisi lianna, teu diwanohkeun, jeung arang aya aprésiasi seni pantun di lingkunan sakola.

Seni pantun Sunda, ganjor pisan beuti hartina jeung pantun Malayu, sanajan sarua tatapakan dina sastra lisan. Pantun Malayu méh sarimbag jeung sisindiran, pantun Sunda mah dina wangun téater tutur.

Baca Juga: Festival Longser Toneel Bandung, Ngipuk Regenerasi Miara Tradisi

Ti iraha cenah seni pantun mimiti dipikawanoh ku masarakat Sunda, geus heubeul pisan bukti tinulis ngeunaan panggung natrat dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, anu ditulis dina taun 1518, anu ditulis ku Darmasiksa.

Ceuk Jakob Sumarjo, seni pantun kawasna ciptaan élit Sunda kira-kira taun taun 1300 M. “Mun enya pantun mibanda ajén-inajén ajaran Tantrayana aliran Kalacakra di Jawa, Sunda jeung Sumatra dina ahir abad ka-13 jeung awal abad ka-14, bisa dicindekeun, seni pantun di ciptakeun ku élit Sunda dina taun 1300 M,” pokna.

Harti Seni Pantun

Seni Pantun teh seni teater tutur anu dina pintonana dipirig kacapi. Nu midangkeunna disebut juru pantun. Naon sabenerna harti pantun téh? Anu kudu ditanggap ngeunaan harti pantun téh tangtuna ogé para ahli kasundaan jeung praktisi seni pantun.

Pakait jeung beuti harti seni pantun, Mang Ayi mandahong seni pantun Subang anu matuhna Kampung Dukuh, Désa Sadawarna, Cibogo, Kabupatén Subang, mere jawaban.

Baca Juga: Ibing Sunda, Tacan Aya deui Wanda Anyar nu Mapakan Jaipongan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x