Ibing Sunda, Tacan Aya deui Wanda Anyar nu Mapakan Jaipongan

- 14 September 2023, 09:00 WIB
Jaipongan karya Gugum Gumbira, tepi k ayeuna tacan aya wanda anyar nu mapakan jaipongan (Foto: Antara).
Jaipongan karya Gugum Gumbira, tepi k ayeuna tacan aya wanda anyar nu mapakan jaipongan (Foto: Antara). /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Taun 1950-an medal ibing gubahan, ibing wanda anyar, atawa ibing kréasi anyar. Dibaladahan ku Tjétjé Somantri, salahsaurang muridna Sambas Wirakusumah, seniman tari anu dipercaya ku pamaréntah mangsa harita ngokolakeun Badan Kesenian Indonésia (BKI), nu kantorna di Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Jalan Naripan Bandung.

Karya tarina karéréana ibingan putri, ibingan keur kaom wanoja. Sababaraha karya tarina: Ibing Srigati, Sekar Putri, Ibing Déwi, Sulintang, Kandagan, jeung Topéng Koncaran. Sumber garap ibinganna: tina ibing Keurseus, Ibing Topéng Cirebon, Ibing Wayang, jeung Ibing gaya Jawa.

Ti harita muncunghul koréografer ibing Sunda. Di antarana R. Nugraha Sudireja, karya ibingna: Rengganis, Narantika, Ibing Puragabaya, jeung ibing topéng tilu watek; Iyus Rusliana, karya ibingna dina wanda ibing wayang, muridna di antarana Irawati Durban, Yuyun Kusumadinata, jeung Indrawati Lukman.

Ibing Jaipongan

Taun 1980-an, tatar Sunda geunjeung ku jaipongan, karya Gugum Gumbira Tirasonjaya. Ibingan tina ibing somah, ibing rayat, ibing tayub anu saka (sakainget), ngajangélék jadi ibingan anu mibanda pola. Dina ibinganna aya struktur (leunjeuran). Saméméhna, upamana ketuk tilu, bajidoran, dogér jeung ibing rayat séjénna teu aya pola anu baku.

Baca Juga: Erna Rosita Mojang Desa di Kabupaten Sumedang nu Motekar kana Seni

“Mangsa bihari, dina panggung ibing rayat teu kacaturkeun aya pola anu maneuh, atawa anu baku, anu ngibingna saka, nurutkeun keretegna haténa, nurutkeun geter rasana. Unggal réngkakna nincak kana wirahma,” ceuk Bucky Wikagoe, seniman nu ayeuna jadi anggta DPRD Jawa Barat.

Lebah dieu tukang kendang kudu telik sabab mun réngkak nu ngibing teu kaeusian alamat bakal moal meunang jaban atawa pamasak, atawa panambal, malah aya kalana baris dicarékan ku anu ngibing. “Dina ketuk tilu ditegor ku pamogoran, dina panggung jaipongan ku bajidor,” ceuk Bukcy Wikagoe.

Ku teu ayana pola anu baku ibingan teu kawatesan ku waktu, satungtung nu ngibing masih kénéh betah di pakalangan jeung sapanjang tukang kendang nganteur karep anu ngibing, ibingan baris panjang ngagebay. Ibingan saka dina pakalangan ketuk tilu, jeung panggung bajidoran hésé diulik ku cara dadakan.

Bisa dituturkeun jeung eusina mun remen ngabandunganana, mun remen nalingakeun kalawan imeut. Kitu deui mun hayang ningali deui ibingan anu geus diibingkeun ku ronggéng, ku sindén, ku bajidor jeung pamogoran moal persis kawas anu geus diibingkeun. Teu anéh mun sina malikan deui réngkakna, baris béda jeung gerak saméméhna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah