Erna Rosita Mojang Desa di Kabupaten Sumedang nu Motekar kana Seni

- 8 September 2023, 14:00 WIB
Erna Rosita, mojang desa di Kabupaten Sumedang nu motekar dina seni.
Erna Rosita, mojang desa di Kabupaten Sumedang nu motekar dina seni. /

GALURA.CO.ID -Erna Rosita, wanoja lembur  nu mibanda pangaresep kana seni. Pikeun dirina sapanjang anu bisa dilakukeun moal burung diulik, kaasup dina nepak kendang.

Bakat kana senina, geus tembong ti waktu sakola dasar keneh. sok rungkunak-regkenek ibing jaipong. Katambah nu jadi akina seniman nu parigel dina ngacapi.

Erna Rosita kitu ngaran eta wanoja putra kahiji ti Nina Sumarni jeung Nana Supriatna, resep kana sagala widang kagiatan: paskibra, bola volly, pramuka, jeung karate. Inyana mindeng mawa seungit ngaran sakolana ku cara jadi juara dina kagiatan lomba, boh sacara pribadi boh sacara kelompok.

Baca Juga: Pameran Seni Rupa Anak jeung Difabel dina Kagiatan Art Braga #2

Sangeus lulus ti SMK Pertanian di Tanjungsari_Sumedang, Erna langsung daftar kuliah di Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI Bandung), nyokot jurusan karawitan.

Pangna milih ISBI teh lantaran kacida keyengna rek ngasah bakat seni nu aya dina dirina. Di ISBI, bakat seni Erna kasalurkeun sarta bener-bener dipeuseuh.

Salian ti praktek di kampusna pikeun nohonan tugas mata kuliah, mindeng ngagelar acara pintonan panggung. Komo deuih Erna asup kana paduan suara Gita Suara Choir ISBI Bandung.

Mindeng jadi juara

Tina ngulik seni ngasah bakat salila di sakola SMK keneh teu wudu Erna geus loba menang piagem pangajen dina widang seni.

Baca Juga: ‘Sayap Patah’, Pameran Lukisan Kepala Sespim Polri, Irjen Pol Chryshnanda, di Gedung Pusat Kebudayaan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah