Jadwal Yogaswara Sunandar Sunarya Giriharja 3 Putra Bulan September 2023

- 3 September 2023, 08:09 WIB
Live streaming pagelaran dalang Yogaswara Dadan Sunandar Sunarya  Giriharja3 Putra.*
Live streaming pagelaran dalang Yogaswara Dadan Sunandar Sunarya Giriharja3 Putra.* /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Jadwal Yogaswara Sunandar Sunarya kalayan padepokanana Giriharja 3 Putra dina bulan September 2023, lobana 10 panggungan. Ieu dalang seuweu Asep Sunandar Sunandar Sunarya dina bulan September 2023 mah panggunganana teu sakeureup bulan Agustus 2023.

Pangna jadwal Yogaswara Sunandar Sunarya dina September 2023 teu saloba bulan Agustus 2023, lantaran bulan September 2023 mah meneran bulan Safar, bulan nu dianggap pamali keur hajat. Nu matak kru jeung nayaga Giriharja 3 burber kaditu-kadieu masang properti wayang jeung masang peta waditra.

Dumasar jadwal nu dikaluarkeun ku manajemen Giriharja 3 Putra, Yogaswara Sunandar Sunarya munggaran manggung di Desa Bantarjaya. Kecamatan Pebayuran Kabupaten Bekasi, tanggal 1 September 2023.

Baca Juga: ‘Pahlawan Kabeurangan’, Kritik Sosial Longsér Bandoengmooi

Masih Kabupaten Bekasi, 2 September 2023, Yogaswara jeung Guriharja 3 Putra manggung di buruan Bale Desa Wangunharja, Kecamatan Cikarang Utara.

Dina tanggal 3 September 2023, pagelaran di Kelurahan Jelekong, Kecamatan Bale Endah Kabupaten Bandung. Tanggal 9 September 2023 manggung di buruan Bale Desa Cigugurgirang, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Ti Kabupaten Bandung Barat manggung di Kuningan, di lapang bola, Desa Suganangan, Kecamatan Cipicung, Kabupaten Kuningan (10/9/2023). Sanggeus di Kuningan manggung di Kabupaten Subang, di Kampung Cimacan, Desa Balingbing, Kecamatan Pagadean Barat (17/07/2023).

Jadwal manggung Yogaswara Sunandar Sunarya Giriharja 3 Putra.
Jadwal manggung Yogaswara Sunandar Sunarya Giriharja 3 Putra.

Tanggal 21 September 2023 pagelaran deui di Kabupaten Subang, di buruan Bale Desa Kumpay, Kecamatan Jalancagak. Ti dieu magelaran di hareupeun Bale Desa Sagara, Kecamatan Argapura, Kabupaten Majalengka (23/09/2023).

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah