Pinunjul Festival Drama Basa Sunda, Asup ISBI Teu Kudu Tés

- 18 Agustus 2023, 01:38 WIB
Para Pinunjul Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Tingkat Pelajar Sa-Jawa Barat.*
Para Pinunjul Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Tingkat Pelajar Sa-Jawa Barat.* /Dok. ICANG ST/TSK/

GALURA - Salila saminggu (7 – 13 Agustus 2023), di Gedung Kesenian Rumentang Siang, Jl. Baranangsiang No 1, Kosambi, Kota Bandung, geus lumangsung Festival Drama Basa Sunda (FDBS) XXI tingkat Pelajar sa-Jawa Barat. Poé panutupna, Minggu, 13 Agustus 2023, saméméh dibéwarakeun para pinunjulna, digelar heula drama Sora-sora Jeroning Sirah, karya sutradara Rinrin Candraresmi.

Éta festival alpukahna Teater Sunda Kiwari téh diiluan ku 13 grup patandang, masing-masing midangkeun naskah drama pilihanna, nyaéta Karunya Si Mamah (karya Nazarudin Azhar), Parna (Ayi G. Sasmita), jeung Tarung Pamungkas (Dhipa Galuh Purba). Naskah anu kapilih ku patandang mémang aya 3, tina 5 naskah nu disadiakeun ku panata calagara (nu dua deui nyaéta Satampah Lemah karya Lugiena De jeung Sasandiwaraan karya Arthur S. Nalan).  

“Sadaya patandang, masing-masing geus ngetrukkeun kamampuhna dina magelaran. Sadaya patandang geus satekah polah ‘ngaluarkeun’ jurus-jurusna sangkan pagelaranna kalandep tur henteu nguciwakeun balaréa, utamana keur nu lalajo jeung girang pangajén. Sawatara inovasi ditempuh sangkan aya/karasa warna anyar. Sawatara kreativitas gé diketrukkeun pikeun ngudag kualitas jeung ciri has garapanna séwang-séwangan. Sadaya tarékah tangtu taya nu pamohalan dina magelarkeun karyana,” kitu ceuk girang pangajén anu diwengku ku Rosyid E Abby, Rinrin Candraresmi, jeung Iwan Setiawan (Iwan Lonceng), basa nepikeun béjér pangajénna, sawatara waktu saméméh para pinunjulna dibéwarakeun.

Pintonan drama “Sora-sora Jeroning Sirah” karya sutradara Rinrin Candraresmi, dina panutupan Féstival Drama Basa Sunda XXI tingkat Pelajar, di GK Rumentang Siang, Jl. Baranangsiang 1, Kota Bandung, 13 Agustus 2023.*
Pintonan drama “Sora-sora Jeroning Sirah” karya sutradara Rinrin Candraresmi, dina panutupan Féstival Drama Basa Sunda XXI tingkat Pelajar, di GK Rumentang Siang, Jl. Baranangsiang 1, Kota Bandung, 13 Agustus 2023.*

Baca Juga: Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medan Perang

Ngan cenah, kudu jadi catetan pikeun sakumna patandang, pagelaran keur pintonan mandiri atawa performance, tangtu béda jeung pagelaran ajangkeuneun pasanggiri/festival. Pagelaran pikeun festival/pasanggiri mah aya “rambu-rambu” anu kudu dipiturut, najan henteu tinulis, teu aya aturan anu ngabaku. “Aya nu kedah dipertanggungjawabkeun dina sual konsep garap jeung pidangan/garapanana,” ceuk girang pangajén.

 

Saterusna, girang pangajén ngadadarkeun béjér pangajén nu jadi bahan tinimbangan dina meunteun pidangan patandang. Ilaharna pasanggiri (festival), tangtu aya anu diajén. Anu diajén téh tina sakabéh aspék, lantaran kapan pagelaran drama/teater mah hiji “kesatuan”, sagemblengna kudu katitén jadi hiji “keutuhan”.

Naskah téh bahan atah. Olaheun. Diolah ku saréréa anu kabaud (kalibet) dina hiji pagelaran, dina komando sutradara (penggarap), malar ngajanggélék jadi pagelaran anu hadé ajénna. Hade ajénna anu dimaksud, ngawengku sual-sual nu tumali jeung pintonan sacara gembleng (pementasan), penyutradaraan, panataan musik, panataan artistik, jeung kaaktoran.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x