Vanya Vibilla Andjani, S.I.Pol., Ngararancang Ngurilingkeun Pagelaran Teater Dewi Sartika

- 20 Juni 2023, 19:31 WIB
Vanya Vibilla Andjani.*
Vanya Vibilla Andjani.* /Ist./

AYA bèja pikabungaheun pikeun nu mikacinta pintonan teater di Jawa Barat. Sabab, satutas dipagelarkeun 3 bulan ka tukang (pancegna 10 Maret 2023) di Gedung Pusat Perfilman Haji Usmar Ismail (PPHUI) Jalan HR Rasuna Said, Jakarta, pagelaran teater Panggil Aku Uwi téh baris aya roadshow-na. 

Éta pagelaran teater anu naskahna ditulis ku Rosyid E Abby, kalawan sutradara Irwan Guntari Wk téh, mémang geus ngogan rasa kapanasaran jeung patalékan ti sakumna warga Jawa Barat, utamana nu aya di Bandung, iraha rék dimimitian roadshow-na.

"Mémang, pagelaran teater Panggil Aku Uwi téh geus diniatan hoyong di-roadshow-keun, dikurilingkeun di sababaraha kota, hususna di Jawa Barat heula. Munggaran launching ti payun 10 Maret 2023 di Gedung PPHUI Jakarta, ditujulkeun kanggo milangkala ka-67 Persatuan Artis Film Indonesia (PARFI)," ceuk Vanya Vibilla Andjani, S.I.Pol., Pimpinan Produksi (Pimpro) Teater Dewi Sartika, dina hiji kasempetan tepung di hiji pasantrén di Kabupaten Bandung, sawatara waktu ka tukang.

Baca Juga: Galura Cetak Edisi IV Juni 2023, Nagarajaya, Silib, Siloka, Palsapah ti Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis

Najan waktuna can cindek, ceuk Vanya, pikeun roadshow pagelaran Panggil Aku Uwi ieu pihakna museurkeun rukun gawé jeung PT Paramitha Devi Dimensi. Ieu rumah produksi téh bogana artis Paramitha Rusady nu merankeun tokoh Dewi Sartika dina Panggil Aku Uwi.

Daérah-daérah nu geus diimpleng pibakaleun jadi tempat roadshow, nyaèta Kabupaten Bandung, Bogor, jeung Tasikmalaya anu komunitas teaterna hirup, sarta nu minat kana teaterna gé kawilang rèa.

"Namung, kacindekan kapingna mah teu acan, ku margi kabujeng kaselang Boboran Siam,” ceuk ieu mojang Bandung nu dina 15 Juni 2023 kaliwat umurna panceg 26 taun.

Ieu bungsu ti dua sadulur kulawarga Robby Hermawan jeung Vinny Soemantri téh kapincut kana garapan Panggil Aku Uwi sabab ngangkat perjoangan pahlawan wanoja, Raden Dewi Sartika.

Baca Juga: KA Comuter Cibatuan Senen Isuk-isuk 19 Juni 2023 Ngaret Sajam

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x