Sri Mega, Makalangan dina Single Dangdut Rock 'Aha Ihi' Karya Endang Kurnia

- 15 Juni 2023, 21:04 WIB
Sri Mega.*
Sri Mega.* /YW/

GALURA - Milih dangdut minangka genre musik nu diangkatna, Sri Mega ngamimitian karirna dina dékade 1990-an. Tapi satuluyna mah kahirupan Sri Mega henteu museur dina karir wungkul. Inyana gé riweuh ku rupa-rupa kagiatan. Iwal ti geus rumah tangga, jadi pamajikan jeung indung téh, inyana gé kudu ngokolakeun Rens Wedding, usahana dina wedding organizer.

"Ngawitan ancrub dina karir nyanyi téh, ngahaleuang ti panggung ka panggung. Tah, saparantos nikah mah, tangtos sim kuring ngutamakeun kulawargi."

Sababaraha taun kadieunakeun, Sri Mega aya kereteg hayang aktif deui dina dunya nyanyi (ngahaleuang). Inyana hayang deui museurkeun diri jadi penyanyi. Kabeneran dina éra digital ieu, sagala nyampak, sagala aya luang pikeun dileukeunan. Hal éta pisan nu ngadorong Sri Mega pikeun makarya deui. Babarengan jeung timna, Sri Mega nyieun Channel YouTube Sri Mega Official. Sakabéh lagu anu geus dirilisna diunggah dina éta kanalna.

Baca Juga: Galura Cetak III Juni 2023, Astana Gede Kawali Payus Dijadikeun Ekomuseum

"Aya widi sareng pangrojong ti pun lanceuk, pun anak, wargi-wargi katut réréncangan, nya ahirna sim kuring makarya deui. Mugi-mugi baé karya sim kuring téh tiasa ngiring ngaramékeun tur ngawarnaan musik Indonésia, sarta kalandep ku masarakat nu micinta dangdut," pokna ka para wartawan saméméh gelaring (launching) lagu "Aha Ihi", di Ballroom El Cavana Hotel, Kota Bandung, Rebo, 7 Juni 2023 kaliwat.

Lagu “Aha Ihi” téh salasahiji tina 3 lagu nu dirékam Maret 2023 ka tukang. Tiluanana mangrupa karya cipta Endang Kurnia, seniman pituin Karawang. Salasahiji karya cipta Endang Kurnia anu fénoménal nyaéta "Embah Dukun", lagu anu dina taun 2003 suksés ngangkat ngaran Alam, penyanyi Tasikmalaya, adi penyanyi dangdut kawentar Vety Vera.

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (29): Supata Raja Oidipus

Sri Mega.*
Sri Mega.*

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah