Made Putra, Dosén Musik Unpas, Boga Udagan Ngawujudkeun Désa Saxophone

- 21 Februari 2023, 06:56 WIB
Made Putra (36), saxophonist nu ogé dosén Unpas Bandung, nu mroduksi mouthpiece saxophone, di studiona di Désa Sariwangi, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.*
Made Putra (36), saxophonist nu ogé dosén Unpas Bandung, nu mroduksi mouthpiece saxophone, di studiona di Désa Sariwangi, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.* /R. AGAM/

GALURA – Made Putra, dosén musik di Universitas Pasundan (Unpas) Bandung, tétéla boga udagan ngawujudkeun désa saxophone.

Éta udagan Made Putra geusan ngawujudkeun désa saxophone téh pamianganana tina leubeutna pibahaneun nyieun saxophone di lemah cai.

Katambah ogé kailhaman ayana samodél désa saxophone di Taiwan, nu méh sakumna warga mroduksi pirang-pirang bagéan tina saxophone.

Alat musik saxophone diwengku 7 bagéan, nu masing-masing bagéan saenyana bisa diproduksi di dieu.

Najan pasarna kaasup segmentatif, tapi tetep aya lolongkrang pikeun mroduksi tur masarkeun saxophone.

Kitu pangna Made Putra boga udagan ngawujudkeun désa saxophone, copélna di lemburna inyana ayeuna dumuk.

Mimiti neuleuman kana spesialisasi saxophone taun 2010, tétéla inyana gé ngamekarkeun kamotékaran nyieunan mouthpiece.

Mouthpiece téh alat nu fungsina keur niup saxophone, nu matak sora saxophone boga ciri mandiri.

Baca Juga: Tarekah Rahmat Angkung ti Saung Angklung Mang Udjo sangkan Angklung Diaku Warisan Dunya ku UNESCO

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x