Tarekah Rahmat Angkung ti Saung Angklung Mang Udjo sangkan Angklung Diaku Warisan Dunya ku UNESCO

- 19 Februari 2023, 12:30 WIB
Angklung seni asli Tatar Sunda ngambah Nusantara jeung  mancanagara diaku ku UNESCO jadi banda dunya, nu merjuangkeunana di antarana Rahmat Angklung t Saung Angklung Udjo Bandung.
Angklung seni asli Tatar Sunda ngambah Nusantara jeung mancanagara diaku ku UNESCO jadi banda dunya, nu merjuangkeunana di antarana Rahmat Angklung t Saung Angklung Udjo Bandung. /Nanang S/Galura

GALURA -Rahmat Angklung nu ngokolakeun Saung Angklung Udjo di Padasuka Bandung bisa disebutkeun saksi hirup ngeunaan kapercayaan UNESCO kana data artefak angklung di Tatar Sunda.

Ku ketak Rahmat Angklung ti Saung Angklung Udjo ngahasilkeun medalna putusan diakuna angklung ku UNESCO, banda budaya Indonesia, banda budaya Tatar  Sunda  jadi milik bangsa di dunia. 

“Basa UUNESCO badé ngesahkeun angklung nu asalna ti Tatar Sunda janten Warisan Budaya Tak Benda, simkuring ngumpulkeun artefak angklung diatonis, pentatonis, dugi ka anu monotonis,” ceuk Rahmat Angklung nu neruskeun tapak lacak bapana ngokolakeun Saung Angklung Udjo.

Baca Juga: Angklung, ti Tatar Sunda Sumebar ka Nusantaran jeung ka Mancanagara

Dina nyiapkeunana Rahmat Angklung bareng jeung Handiman suargi. Kitu deui  nyiapkeun workshop katut rupa-rupa katerangan ngeunaan angklung.

Nalika aya tim ti UNESCO, artefak angklung ukur aya di Tatar Sunda, taya artefak angklung  ti daerah sejen. Aya angklung nu umurna geus 300 taun kiwari jadi koleksi museum Sribaduga.

 “Jadi jelas, angklung teh waditra jeung kasenian asli Tatar Sunda, lain ti wewengkon sejen,” ceuk Rahmat Angklung.

Ngeunaan angklung aya di sababaraha nagara sumebarna ngaliwatan difusi budaya. Ti tatar Sunda sumebar  ka daerah lian kaasup ka mancanagara.

Baca Juga: Angklung  Buhun di Kanekes, Bukti Angklung geus Aya Jauh Samemeh Jaman Karajaan Pajajaran

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x