Mikawanoh Seni Beluk, Aya Keneh tapi Geus Arang Nu Nanggap, Mun Sono Aya dina YouTube

- 6 Februari 2023, 14:30 WIB
Pidangan seni beluk di hiji tempat/YouTube ArdiHardi Channel
Pidangan seni beluk di hiji tempat/YouTube ArdiHardi Channel /

GALURA - Nu ngaranna seni beluk, sawatara taun ka tukang mah kaasup seni nu kajojo, remen pada nanggap, utamana di pilemburan.

Beda jeung bihari, kiwari mah beluk teh geus meh kapopohokeun sanajan aya keneh nu nanggap atawa mintonkeun, utamana dina acara nu tangtu di lembur-lembur.

Ngan alusna, ti saprak rea nu apal kana YouTube, nu mikanyaah jeung mikatineung kana seni beluk, ngahaja ngarekam pintonan beluk nu geus langka, terus diupload dina YouTube.

Baca Juga: Seni Pantun Sunda keur Ngahornat Nyi Pohaci, Beda jeung Pantun Melayu

Lumayan, eta cara bisa ngalantarankeun pintonan seni beluk bisa dilalajoan, sok sanajan ukur dina media sosial.

Beluk teh nyaeta ngaran tembang Sunda wangun pupuh make lagu buhun nu sorana ditarikeun sarta dikelewengkeun patembalan, jeung biasana ku lalaki.

Ku lantaran ngandelkeun sora, beluk teh bisa disebut kaasup jinis seni soara. Najan kitu dina emprona, sok aya grup seni beluk nu mirig sora diba beluk ku waditra musik, sok sanajan jarang.

Baca Juga: Ronggeng Gunung ti Banjarsari Kabupaten Ciamis, Balas Dendamna Dewi Siti Samboja ka Kala Samudra

 

Seni beluk ditaksir mucunghul di lingkungan masarakat agraris. Eta hal katangen tina pakean pamaen belu nu biasana basajan. Maranehna ngan ukur make baju takwa, sarung, kopeah, calana panjang hideung, jeung sajabana.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x